Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Dongéng Sasakala’

Titinggal Karuhun

Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

Posted by bujanggamanik dina Januari 12, 2009

tangkuban-parahuKacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.
Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka hiji tegalan, deukeut walungan Citarum. Barang datang ka dinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut nu moro uncal ka dinya. Aya hiji batok balokan urut tuang Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang, leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh baé.
Lila-lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé geulis. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan. Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongéng Sasakala | 17 Pairan »

Talaga Bagendit

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 26, 2008

talaga.jpgDi wewengkon Garut aya talaga nu ngaranna kawentar ka mana-mana, nya éta Talaga Bagendit. Kacida kajojona téh. Saban poé Ahad tawa poé pakanci raména téh luar biasa. Ti nu deukeut ti nu jauh jelema téh mungguh merul nu rék ngadon sukan-sukan, babakuna lalayaran.

Cék sasakala mah, cék dongéng nu sok didongéngkeun deui, éta Talaga Bagendit asal muasalna kieu:

Baheula, geus rébuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit téh mémang jalma nunggul pinang, geus teu kadang teu warga, hirupna téh éstuning nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lian, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Kacaturkeun keur usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit gé réa nu gacong. Ari saréngsé dibuat jeung sanggeus paréna di ka leuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap geus bérés bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyéklék-nyéklékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeung, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomongna kitu téh bari kasaksian ku sakur nu aya di dinya.

Saréngséna, nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Caah! Caah! Cenah.

Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang rék kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu témbong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna disebut Talaga Bagendit téa.

 

Tina Lima Abad sastra Sunda

Dimuat dina Dongéng Sasakala | 3 Pairan »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.