Bagian I
Geus lila ninggalkeun lembur téh. Éta waé ti mimiti asup ka SMP, nuturkeun dulur di kota, nepi ka tamatna ti SMA. Tuluy atuh meunang pagawéan.
Baréto-baréto sok bisa balik tepung libur, geus kieu mah jadi taun kali ngelol ka lembur téh, malah sakapeung mah dua lebaran ngampleng da kudu sembah-kuriling heula ari hayang diidinan cuti téh.
Jadi asa dipanganjangan di lembur sorangan téh. Urut batur ulin baheula, papada budak, najan warawuheun kénéh ogé siga teu caronggaheun ayeuna mah, nénjo kuring ganti bulu meureun.
Padahal asa teu rumasa pindah pileumpangan. Ngan itu, batur nu bangun karagokeun téh, diconggahan gé ku kuring siga nilam. Ngarambeuan meureun di dituna mah, pédah kuring kasebut geus jeneng.
Tapi henteu ari matak luput pibatureun mah. Sok asa keueung téh dina usum ka sawah ka kebon. Manggih deui batur téh pasosoré usum reureuh.
Dina hiji poé wanci lohor, Mang Sani, panyawah bapa kuring, ngajangjian, engké peuting urang murak pais bébéong cenah, beunang neuleuman di Cibuni. Da palika ongkoh manéhna téh. Meupeujeuhan pisan kawas nu kacida hayangeunana dianjangan téh.
“Pomi, Asép.” Cenah, “Ulah teu sumping. Hawatos ka Embina, tos ngundeur.”
Keur budak sok remen dahar pais bébéong téh, da Bapa gé tukang resep ka walungan. Ngadéngé nu nawaran pais téh mani asa karasa deui ngeunahna. Da di kota mah palias teu ngalaman manggih.
Léos atuh tas Isa téh, muru ka Pasir Awi, lembur Mang Sani téa. Teu jauh, ukur dua kilo cék kira-kira mah. Ngiciprit baé sorangan, da ngajak Si Épéng, majar kagiliran ngaronda, ngawakilan bapana. Baca tuluyan ieu tulisan »





















