Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Carita Pantun’

Buhun

Ciung Wanara

Dimuat ku bujanggamanik dina April 28, 2008

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Carita Pantun | 8 Pairan »

Lutung Kasarung

Dimuat ku bujanggamanik dina April 24, 2008

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.

Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.

Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.

Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”

Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Carita Pantun | 6 Pairan »

Mundinglaya di Kusumah

Dimuat ku bujanggamanik dina April 23, 2008

Aya hiji nagara, nagara subur ma’mur kartaraharja, gemah ripah lohjinawi, katelahna Pajajaran. Ari Raja Pajajaran harita anu nelah Prabu Siliwangi, raja adil paramarta tur dipikanyaah ku rahayatna. Permaisurina nya eta Padmawati.

Permaisuri teh keur kakandungan. Anjeunna nyiram palay buah honje. Terus bae nitah lengser pikeun neangan honje. Teu ku hanteu, harita teh di Pajajaran kacida hesena manggihan honje. Atuh kapaksa Lengser mapay-mapay nagara neangan honje.

Sanggeus lila neneangan, ahirna lengser teh manggih hiji tangkal honje. Tapi pikeun meunangkeunana kudu parebut heula jeung Lengser Nagara Muara Beres. Manehna oge sarua deuih keur neneangan honje pikeun permaisuri Muara Beres nu keur nyiram. Dua Lengser parebut honje, nepi ka galunganana. Gelutna euweuh nu eleh euweuh nu meunang, sabab sarua bedas jeung saktina. Duanana ngalungsar nahnay bakating ku cape. Antukan buah honje teh dibagi dua. Sabeulah keur permaisuri Pajajaran, nu sabeulah deui keur permaisuri Muara Beres.

Sanggeus datang mangsana, permaisuri Pajajaran ngalahirkeun budak lalaki, dingaranan Mundinglaya di Kusumah. Ari permaisuri Muara Beres ngalahirkeun budak awewe, dingaranan Dewi Asri. Geus ditangtukeun ku Dewata, eta dua budak teh bakal ngajodo.

Kocapkeun Mungdinglaya teh geus gede, geus jadi pamuda anu gagah tur sakti. Hiji peuting Padmawati nempo Lalayang Salaka Domas di Jabaning Langit. Mundinglaya dititah nyokot eta Lalayang Salaka Domas. Tapi samemehna kudu ka Muara Beres heula neang pipamajikaneunana, nyaeta Dewi Asri.

Mundinglaya indit ti Pajajaran dibarengan ku Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung. Barang nepi ka Muara Beres, harita keur aya dina kaayaan teu aman. Muara Beres dikepung ku raja-raja salawe nagara, pedah lamaranana ditolak ku Dewi Asri. Raja salawe nagara hiji-hiji diperangan ku Mundinglaya. Antukna kabeh taluk.

Ti Muara Beres, Mundinglaya indit neangan Lalayang Salaka Domas. Ari eta Lalayang Salaka Domas teh anu Guriang Tujuh. Barang datang ka Jabaning Langit, atuh der bae perang. Mundinglaya dihurup ku Yaksa Maruta, Jonggrang Kalapitung, jeung Guriang Tujuh. Ahirna Mundinglaya unggul sarta bisa mawa Lalayang Salaka Domas.

Ti dinya mah terus bae atuh Mundinglaya teh mulang ka Jabaning Langit. Lalayang Salaka Domas dipasrahkeun ka bapana. Mundinglaya kawin jeung Dewi Asri. Teu lila ti harita Mundinglaya di Kusumah jeneng raja di Pajajaran.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Budi Rahayu Tamsyah

Dimuat dina Carita Pantun | 3 Pairan »