Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Anaking Jimat Awaking’

Pangalama Pribadi

Sakadang Peucang

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 12, 2009

peucangKu Wahyu Wibisana

Di Kebon Binatang Ujang kungsi olohok, basa dibèjaan yèn sato nu keur dilalajoan ku Ujang tèh ngaranna “peucang”. Meureun inget kana dongèng”Sakadang Peucang” anu kamashur pinterna tèa Ujang tèh.

Da èta baè Ujang makè nanya ”Geuning tiasa dikerem, Apa?”

Apa ngarti pisan kana èta pertanyaan tèh. Sihorèng bèda pisan dongèng jeung kanyataan mah, nya Ujang? Cèk dina dongèng, peucang tèh kitu…kitu…kitu…, ari dina kanyataan bet kieu—sarua kawas sato liana, bisa ditèwak tuluy dikandangan, teu bisaeun hojah. Tuh kawas maung nu cenah kungsi sieuneun ku seupah peucang, da disangkana getih maung nu tas dikerekeb ku manèhna. Atawa kawas itu tuh buaya nu kungsi dililito, basa sakadang peucang rèk meuntas walungan tèa. Teu bèda jeung gajah nu keur ngacung-ngacung tulalèna tuh, nu cèk ujaring dongèng kungsi kabur deui ka Sumatra dumèh diasongan cucuk landak ku sakadang peucang.

Enya, sarua jeung sasatoan liana nu cèk sahibul-dongèng mah kungsi kapèpèd ku akal peucang. Buktina di Kebon Binatang mah kabèh ogè dikandangan, dikurungan, atawa dikerembeng supaya teu bisaeun leupas.

“Ku naon Apa peucang tiasa dikerem?” Ujang nanya deui.

Ku dibalikanana èta pertanyaan, bet Apa jadi enya-enya mikiran pijawabeunana. Dipikiran sotèh dumèh nyaho, yèn upama dicaritakeun sajalantrahna—yèn pinterna Sakadang Peucang tèh wungkul dina dongèng ciciptan manusa—dina hatè Ujang pasti aya nu ujug-ujug leungit. Nya èta hiji kaèndahan nu geus lila ngagenclang dina panyipta Ujang. Mun dina kembang mah hiji kaèndahan nu salawasna mekar tur meleber angin-anginan nyeungitan alam batin Ujang. Éta kaèndahan tèh ayana dilantarankeun ku terapna eusi dongèng nu mindeng ku Apa digelendutkeun.

“Apan ditèwak heula ti leuweung.” Apa nèmbalan bari rèt kana beungeut Ujang nu katèmbongna bangun bengong kènèh, neges-neges rupa peucang.

“Tiasa ditèwak?” Sora pertanyaan Ujang dicentokkeun bangun teu percaya, yèn peucang bisa diboro atawa ditèwak.

Ku Apa dijawab: “Tiasa ditèwak ku jalmi mah.”

Ti dinya Ujang bet terus ngalelekan beungeut Apa, kawas nu teu pati percaya kana katerangan Apa bieu. Ujang hayang maca paroman Apa, naha aya riukna atawa euweuh, naha bohong atawa bener.

Bisa jadi ahirna mah Ujang tèh percaya, komo sanggeus ku Apa dièmbohan ku ucapan kieu, “Tiasa ditèwak peucang tèh nya Ujang, ku jalmi sapertos Ujang mah.”

Sanggeus kitu katèmbong rengkeng-rengkeng beungeut Ujang tèh ngendoran. Perkara peucang, hiji masalah nu geus ngaganggu pikiran Ujang, harita geus kajawab, jigana. Ku kituna Apa asa geus ngarèngsèkeun hiji pagawèan kalawan hasil, nyaèta mèrè katerangan nepi ka Ujang jadi ngarti.

Tapi naha Ujang bet kalah nanya deui, majarkeun tèh, “Ari ieu tèh peucang jaman baheula tèa, Apa?”

Seuri Apa miring èta pertanyaan tèh. Teuing ku talètè hidep tèh, Anaking. Bisa jadi Ujang keukeuh teu percaya, yèn sakadang peucang dina dongèng jaman baheula tèa bisa dihinakeun saperti peucang ieu, ditèwak tuluy dikerembeng ku ram kawat.

Nya kitu Anaking, demi kaèndahan nu mekar kènèh dina hatè Ujang, Apa teu wasa ngaganggu.

“Peucang bodo nya Apa ieu mah,” Ujang ahirna nyieun kasimpulan sorangan.

Apa unggut bari dina hatè mah ngarasa, yèn kaèndahan nu aya dina hatè Ujang tèh nepi ka harita mekar kènèh, can waktuna layu.

Tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 10 Pairan »

Susumputan Beling

Posted by bujanggamanik dina Maret 1, 2008

main-tanah.jpgHandapeun tangkal balingbing, Ujang jeung Nyai keur susumputan beling, mani anteng. Ayeuna bagéan Ujang anu nyumputkeun belingna. Nyai dititah malik ka ditu bari kudu meungpeunan beugeut supaya ulah bisa ngalelebah di mana beling Ujang disumputkeunana. Katémbong Ujang cukal-cokél bari rét deui rét deui ka Nyai, bisi ngalieuk atawa bisi mélétét maling-maling nyerangkeun Ujang. Ari Nyai pok deui pok deui nanyakeun enggeus atawa acanna.

“Teu acan,” walon Ujang, “Ké heula, ké, ké, …”

Hayang buni pisan jigana Ujang nyumputkeun beling téh, da mani rada lila kusay-kuseyna ogé. Nyai mah bangun keselen deui.

“Énggal atuh, Ujang!” cék Nyai bangun teu sabar.

“ké heula!” Ujang nyentak bari kerung. Ngajawab kitu téh bari nyeselkeun beling kana handapeun akar balingbing, sabada tadi ku Ujang diruang dina sisi kalang beulah kalér, tapi diludang deui lantaran tayohna baé Ujang ngarasa kurang buni nyumputkeunana.

“Teu kaci lami teuing mah, teu kaci,” cék Nyai.

“Ké heula. Nyai ogé tadi lami,” Ujang kalah ngahualkeun.

“Licik Ujang mah!”

“Sok atuh,” cék Ujang. Kawasna baé Ujang embung ari disebut licik mah.

Sanggeus kitu Ujang ngagesekeun taneuh jeroeun kalang susumputan beling supaya lita, disaksian ku Nyai nu geus mimiti neges-neges jeung nyoba-nyoba neguh di lebah mana nyempilna bubuk beling Ujang. Salawasna Nyai ngawas-ngawas robahna beungeut Ujang nu terus ngagesek taneuh, lir nu keur ngaji kereteg ati Ujang. Sugan baé bisa ngabokér rusiah Ujang ku maca beungeutna—upama leungeun Nyai ngaragamang kana lebah beling nu disumputkeun téa, beungeut Ujang bakal robah semu, beureum atawa api-api.

Tapi Ujang teu éléh géléng, teu éléh taktik. Bari kakawihan “pahérang-hérang gobang”, Ujang katémbongna téh mereketkeun manéh sangkan teu ruak-riuk beungeut. Upama karasa rada teu kuat, tapi sieun katohyan, gancang Ujang ngabedaskeun kakawihanana.

Ujang, Nyai, anaking. Sajeroning nyaksian hidep keur susumputan beling kitu, Apa bet inget kana kalakuan Apa sorangan. Rét ka Nyai anu terus cukal-cokél néangan bubuk beling nu disumputkeun, Apa inget kana kabiasaan Emah.

Apa nu sok mindeng nyumputkeun duit dina lipet-lipet kopéah, dina sarangka bedog, dina tungtung sapatu atawa dina sela-sela buku supaya ulah kanyahoan ku Emah—meureun lir Ujang nu nyumputkeun bubuk beling dina handapeun akar balingbing. Ari Emah nu biasa gawéna téh ngan kurah-koréh sugan manggihan peperenian Apa, persis lir Nyai anu terus cukal-cokél néangan bubuk beling nu ku Ujang disumputkeun.

Sihoréng Ujang, Nyai, di jero imah téh pinuh ku tempat susumputan duit atawa susumputan sagala rupa rusiah Apa—disumput-sumput sangkan Emah ulah nyahoeun.

Basa Nyai bisa manggihan bubuk beling nu Ujang, Nyai surak, Ujang ngahéhéh seuri konéng. Kitu tah saperti Emah nu atoh manggihan duit Apa nu disumputkeun dina jero kendi kamari, Nyai téh. Ari Ujang teu béda ti Apa nu kapaksa angkat tangan ka Emah, hahah-héhéh teu bisa majar kumaha.

“Si Bedus téh!” cék dina haté mah, “Éta ku kapanggih baé ….”

Tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana.

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 7 Pairan »

Bohong

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 6, 2008

3jpg.jpgKu Wahyu Wibisana

Peuting tadi Apa ngadongéng ka Ujang jeung Nyai—dongéng rakit nu ditumpakan ku imah urang, ngangkleung di sagara ombak-ombakan. Dina éta rakit téh kacaritakeun aya Ujang, Nyai, Emah, jeung Apa.

Mimitina mah pangangguran Apa ngadongéng rakit téh, tapi dina peuting-peuting saterusna hidep duaan keukeuh nanyakeun baé tuluyna. Kapaksa Apa ngarang sabulang- béntor, tapi bari usaha sangkan tetep dongéngna dipikaresep ku Ujang jeung Nyai. Kungsi dilalakonkeun, yén rakit téh geus balabuh di pulo Karimun Jawa, di pulo Unrus, di pulo Panjang, di pulo Rakata, jeung di pulo Panaitan. Ari peuting tadi kacaritakeun balabuh di pulo Énggano. Ujang jeung Nyai sareuri ngadéngé ngaran pulo kitu téh. Ngarasa anéh meureun. Jeung maké nanyakeun: Naha di Pulo Énggano téh aya Mang Ano—pédah ngaranna méh sarua jigana.

Kocap di Énggano téh aya walungan nu caina sirop sarta di béh girangna aya gunung bolu. Ujang jeung Nyai galumbira, lantaran bisa nyirop jeung nyewolan bolu sawaregna, sanajan ngan ukur dina dongéng.

Bari kumétap Ujang ngémbohan, majar dina walungan sirop téh aya cangkaléngan, bukurna. Nyai gé teu tinggaleun, milu nambahan, majar dina gunung bolu téa seueur siki jambu médéan—raos, kitu cék Nyai téh.

Pohara bungahna haté, Apa, duméh hidep duaan kabuktian boga daya cipta nu hirup—bisa nambahan dongéng bohong Apa ku bohong séjénna nu leuwih jauh, tapi nu leuwih saluyu jeung kahayang hidep. Kawas nu geus silih pikasurti, yén urang téh keur pada ngabudalkeun gerentes haté nu eusina wadul wungkul. Urang téh geus silih bohongan nu mawa kani’matan haté masing-masing.

Sajeroning kitu, Apa inget kana kabiasaan di masarakat kiwari—kabiasaan anu kapaksa dibiasakeun—nya éta kabiasaan nyampurnakeun bohong batur ku bohong nu lian. Upama cék Ki Silah cabé téh amis, kabéh nyaho yén éta téh bohong. Tapi, kelu aya nu nambahan, yén éta cabé nu amis téh mani kareueut. Ditémbalan deui ku Ki Bintinu, majar cabé nu amis kareueut téh bisa dipaké ngolek. Ti dinya loba nu ngahaminan, malah aya nu nambahan ku implik-implik, majar kolekna ogé tangtu leuwih amis batan upama digulaan ku gula Cigorowong nu tegar téa. Jeung saterusna. Jeung saterusna, nepi ka lahuta pisan sarta kabéh-kabéh pada seuri leutik, lantaran ngarasa geus pada-pada bohong.

Kitu tah Ujang, Nyai anaking. Nu matak, sukur hidep geus ngalalanyahan manéh diajar nambahan bohong ku wadul, lantaran perlu keur ngadu rahul jeung babaturan hidep jaga. Komo mun hidep kaparengkeun jadi pulitikeus mah, perlu pisan.

Basa Apa balik ti kantor mawa peremén nanya deuih, “Ngagarantung Pa dina tangkal? Saha nu ngalana?”

Apa seuri. Apa ngarti yén hidep duaan geus ngamimitian ngajak bohong ka Apa. Tapi Apa nyaho pisan yén Ujang jeung Nyai pasti teu nganggap ka Apa pulitikeus, atawa diplomat, atawa pejabat anu sok ngabohong demi jabatanana. Henteu, hidep mah teu nyangka kitu. Hidep mah nganggap ka Apa tetep kawas sasari, salaku bapa nu biasa ngabohongan hidep bari ku hidep katampa kalawan ni’mat jeung rido. Bohong Apa ka hidep mah lain saperti raraban dua kali dua sarua jeung lima, tapi du kali dua sarua jeung salangit atawa saemheh. Hidep duaan tangtu moal rieut ku jawaban éta téh, malah sabalikna: hidep seuri jeung n’mat.

 

Tina Anaking Jimat Awaking, karya Wahyu Wibisana

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 1 Pairan »

Langit

Posted by bujanggamanik dina Januari 23, 2008

awan.jpgUjang nyoronyo kana lahunan Apa anu harita keur anteng lalajo paripolahna lauk hias dina akuarium.

“Apa, ari langit téh kénging Gusti Alloh?”

“Muhun,” walon Apa pondok.

“Dikumaha ngadamelna?” Ujang nanya deui.

Ngahuleng Apa ditanya kitu téh, lantaran nyaho nu nanya kitu téh hidep Ujang anaking, budak kénéh. Moal bisa Apa méré dalil kun fayakun kawas para ajengan, kitu deui moal bisa méré katerangan yén Gusti Alloh téh Maha Kawasa.anu sagala kersana tinekanan.

Basa Apa nerangkeun yén Gusti Alloh téh sakti, lantaran Ujang geus nyaho kecap sakti dina dongéng-dongéng Apa—raja sakti, buta sakti jeung saterusna. Tapi upama dijawab kitu, tangtu Ujang bakal nanya deui nu leuwih nyosok ka jero, nya éta nanyakeun tina naon dijieunna ari langit.

Apa ngarti yén Ujang téh keur jadi filosof anu can kabekem cara pantar apa ayeuna. Apa mah geus jadi filosof anu kakungkung ku rupaning wates wangen—kitu sotéh mungguhing dina nyanghareupan hirup kumbuh.

Aya kalana Apa teu kudu nyarita, sanajan hayang nyarita. Kadangkala Apa kudu mendem pertanyaan, sanajan kudu ditanyakeun.

“Diapungkeun Apa langit téh ku Gusti Alloh?” Nyai milu nanya bari celenggeu di handapeun akuarieum.

Pohara gumilangna éta pertanyaan téh Nyai, anaking. Lir cai anu ngaburial tina seuseupan teu kapengpetan ku naon-naon, bébas kaluar taya nu ngahalangan.

Boh Ujang, boh Nyai—kitu deui Apa—kabéh ogé boga sipat hayang nyaho. Naon anu ngajuringkang di hareupeun, nu ngereték di gigireun, nu ngahiuk di luhureun, nu eundeur di handapeun, urang kabéh hayang nyaho naon nu ngalantarankeunana. Ujang téh nyatana jadi juru tanya nu taya wates-wangenna. Tapi dina hiji mangsa sakumaha nu geus kaalaman ku Apa ayeuna, bet karasa aya hiji leungeun gaib nu pohara kuatna geus nutupan sungut, nepi ka bangsa Apa mah aya kalana kudu pégo bari sabenerna bisa nyarita.

Naha upama Ujang jeung Nyai ayeuna ngarti kana katunggaraan bangsa Apa nu dilantarankeun ku leungeun gaib téa, hidep duaan bakal seunggah nyanghareupan alam déwasa? Atawa boa jaga mah leungeun nu saperti kitu téh geus taya dikieuna?

“Dikumaha Apa langit téh?” Ujang ngadongsok sangkan Apa buka sora.

Sajeroning kitu leungeun gaib téh geus ngaragamang kana sungut Apa, tapi hadéna kaburu pok mantén ngajawab pertanyaan Ujang.

Cék Apa téh, “Ditiup, ditiup puah, janten baé langit.”

Ti dituna mah Apa téh narjamahkeun kun fayakun ku basa budak, ambéh hidep duaan bisa ngarti.

“Bau langit téh, Apa?” Nyai nanya. Apa ngarénjag, duméh teu ngarti naon sababna nu matak Nyai nanya kitu.

Tapi jigana Ujang leuwih calakan manan Apa. Buktina Ujang ujug ngagebés ka Nyai, majarkeun téh, “Da Gusti Alloh mah tara emam jéngkol, nya Apa?’

Apa seuri bari ngusapan Ujang jeung Nyai, sedengkeun dina haté mah Apa nyipta hiji dunya nu dieusian ku jelema-jelema nu kabébasanana cara Ujang jeung Nyai. Tada teuing resepna hirup di dinya—Apa hayang nyaho ka dinya, tapi ka mana jalanna jeung iraha gelarna, Apa teu nyaho.

(Tina Anaking Jimat Awaking, karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 1 Pairan »

Duit

Posted by bujanggamanik dina Januari 2, 2008

money_flow.jpgIsuk-isuk basa Apa rék ka kantor, Ujang jeung Nyai geus aya di buruan, megat Apa. Kadéngé Nyai nyarita lalaunan. Bari semu ogo, majar téh, “Ngiring ka kantor, Apa…”

Apa seuri. Geus sababaraha kali Nyai atawa Ujang nyarita kitu, naha teu bosen? Lantaran masing kalah kumaha ogé Apa moal bisa nedunan paménta hidep duaan—rék naon mamawa budak ka kantor?

Sakali deui Nyai ngarenghik hayang milu, ari Ujang terus melong ka Apa bangun nu moho pisan hayang diajak. Bet asa papanggih jeung kalangkang Apa sorangan, baréto. Nya kitu sok hayang milu ka aki hidep upama anjeunna rék angkat ka sakola, rék ngawulang. Kalangkang sorangan anu pohara hirupna bet mindeng eunteup dina paneuteup hidep duaan ayeuna. Apa resep nanggapna, mulangkeun deui panineungan ka mangsa Apa keur sagedé hidep, wararaas.

Tapi wondening kitu, teu pok ari nyeburkeun yén Apa kabita deui hayang kawas hidep mah—hayang ulin ulukutek di jero imah, di pipir, di jalan, di sampalan nu teu jauh ti imah. Capé-capé nyelang balik heula, hayang nginum atawa ménta dahar.

Enya, dunya téh pinuh ku pangulinan, pinuh ku kaulinan, cék hidep mah. Teu saperti pikeun Apa ayeuna—dunya téh pinuh ku pagawéan nu kudu disanghareupan keur nyambung-nyambung hirup sapopoé.

Dunya téh lahan anu pohara gumblung-gamblangna pikeun hidep mah—imah ogé lega lir gedong sabau, buruan lir sampalan, kulah lir talaga nu bisa dilayaran ku parahu kalakay balingbing. Sedengkeun pikeun Apa mah, dunya téh aya kalana karasa rupek upama nyorang kasumpeg haté nu dilantarankeun ku sulitna kahirupan.

Dunya téh pinuh ku tempat-tempat nu pikabetaheun mungguhing pikeun hidep mah—handapeun akuarieum bisa dibebenahan jadi kamar leutik keur anjang-anjangan, handapeun tangkal mamangkokan bisa dililinggih keur susumputan beling. Demi pikeun Apa mah dunya téh sakapeung mangrupa tempat-tempat nu pikaboseneun upama pareng aya dina poé-poé nu tiis jeung sué.

Nu matak, cék Apa téh, naha maké hayang milu ka kantor? Nu puguh mah Apa nu hayang milu ka hidep, ka alam pangulinan hidep duaan, di mana ciptaan hidep mekar ngeusian patempatan-patempatan nu aya dina ségog-ségog imah, buruan, dunya, jeung langit.

Tapi naha geus pok deui baé Ujang jeung Nyai nyarita ka Apa, hayang milu ka kantor? Meureun duméh cék ciptaan hidep mah di kantor téh aya gudang duit nu ku Apa bisa dibuka tuluy dicokotan duitna kalawan gampang.

Jigana tina perkara duit mah antara hidep jeung Apa téh sarua pada-pada butuh, pada-pada hayang. Ujang jeung Nyai hayang jajan baso, atawa céndol, saperti Apa hayang bisa meuli sakur kaperluan hirup rumah tangga.

Duit. Duit. Duit. Kecap duit téh murwakanti jeung kecap pait, malah upama teu inget kana harti jeung kagunaanana mah, ngadéngé kecap duit téh kaciptana bangun mangrupa barang nu hideng jeung pait. Tapi saperti nu geus kasaluyuan ku urang sakabéh, ku hidep jeung ku Apa, jeung ku sakabéh jelema, duit téh nya éta hiji barang anu amis rasana, ngeunah mibogana. Anu béda antara hidep jeung Apa, iwal ti néanganana. Cék hidep mah gampang, kari nyokotan tina gudang, cék Apa mah hésé, da gudangna gé euweuh, kudu ditéangan heula.

 

(Tina Anaking Jimat Awaking, karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | Leave a Comment »

Kapal Udara jeung Galudra

Posted by bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

kapal.jpgKapal udara ngahéang di luhureun suhunan. Ujang jeung Nyai lalumpatan kaluar bari tatanggahan. Kadéngé hidep duaan susurakan bari ajrag-ajragan bungah.

Ujang asup deui ka imah bari pok nanya ka Apa, “Éléh mana kapal udara sareng manuk galudra?”

Apa—nu harita keur ngitung hutang bulan éta—ngajawab, “Éléh kapal udara atuh.”

Ujang mah teu kudu nyaho, nu matak Apa ngajawab kitu duméh hayang ngajaga sangkan ciptaan Ujang kana manuk galudra angger saperti dina dongéng Apa. Yén galudra téh gagah sakti mandraguna, bisaeun hiber ka langit, bisaeun nyamberan gajah, jeung satuluyna. Tapi ana pok téh Ujang nanya deui bareng jeung Nyai asup nyampeurkeun.

“Upama kapal udarana sapuluh, éléh mana?” kitu pertanyaan Ujang téh.

“Éléh kapal udara sapuluh,” walon Apa bari ngajumlahkeun angka dalapan jeung opat—hutang Emah ka warung geus genep ratus opat puluh.

“Upami saratus?” Nyai étah milu nanya.

“Éléh kapal udara,” walon Apa angger.

“Sarébu?” Ujang nanya ku sora dicentokkeun.

“Éléh kapal udara,” walon Apa.

Sakeudeung Ujang jeung Nyai tingharuleng. Bisa jadi hidep duaan keur nyipta kumaha hébatna manuk galudra. Bisa jadi deuih keur inget kana dongéng Apa peuting mangkukna—dongéng saka nu nyaritakeun nagara buta diubrak-abrik ku hijji galudra. Sirah-sirah buta nu sagedé-gedé Bumi Siliwangi disamberan ku galudra nepi ka paregat tina beuheungna. Atuh buta-buta sanagara bubar katawuran. Kitu apan dongéng Apa téh.

Celengkeung deui Ujang nanya bedas naker, “Upami kapal udara salangit?”

Ku pertanyaan éta Apa ngarti, yén pikeun Ujang jeung Nyai mah taya deui bilangan anu leuwih gedé batan bilangan “salangit”. Jeung Apa ngarti deuih, yén Ujang, jeung Nyai tangtuna ogé, hayang mireng jawaban Apa béda ti nu sababaraha kali diucapkeun tadi. Atawa bisa jadi Ujang jeung nyai panasaran, hayang nyaho nepi ka mana gagahna manuk galudra.garuda1.jpg

Nyai nu ngabandungan pertanyaan Ujang bieu milu melong ka Apa kawas nu milu nguatan sakur nu jadi kapanasaran Ujang.

Apa imut, sarta sajeroning imut kitu Apa geus lat baé poho kana jumlah hutang Emah ka warung bulan éta. Ayeuna mah pikiran Apa téh keur museur kana néangan jawaban anu bisa ngangeunahkeun haté hidep duaan.

Kapanggih jawabanana téh, kapanggih! Pinter Apa téh, nya? Apan cék Apa harita téh kieu, “Kapal udara salangit mah apan kagungan Ujang sareng Nyai, ari galudra mah kagungan Apa. Moal sina gelut, nya? Pamali.”

Sugema Ujang jeung Nyai, katémbong tingharéhéh. Pinter Apa, nya? Atawa pédah hidepna bisa dibobodo, dibangbalérkeun? Tapi barang inget deui kana jumlah hutang di hareupeun, Apa rada ngabéléhém sorangan—sihoréng Apa nu geus kabangbalérkeun ku Ujang jeung Nyai nepi ka ngarasa ni’mat ku poho, nyorang poho nu matak ni’mat.

(Tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 1 Pairan »

Widadari

Posted by bujanggamanik dina Désémber 17, 2007

angel-1.jpgDina hiji peuting Ujang ujug-ujug nanya, “Apa, di bulan téh aya Nini Antéh?” Kawasna baé Ujang téh inget kana bulan purnama nu harita keur ngagateng di awang-awang.

“Aya”, walon Apa. Piraku Apa kudu nyebut “teu aya” mah, lantaran Apa kungsi ngadongéngkeun lalakon Nini Antéh nu keur jongjon ninun di bulan dibarengan ku ucingna. Kana éta dongéng, Ujang jeung Nyai teuing ku percaya.

“Kumaha emamna?” Ujang nanya deui.

Rumasa—ngan teu kedal—Apa rada hésé ngajawab éta pertanyaan téh, ari lantaranana duméh sakeudeung mah Apa téh mikirna rasional teuing. Tapi sabada nyieuhkeun rasio mah, gancang pisan Apa bisa ngajawab.

“Apan dianteuran ku widadari.”

“Ti sawarga, Apa?”

“Muhun,” walon Apa ngahaminan kana jalan pikiran Ujang anu kapangaruhan ku dongéng Apa kénéh—yén widadari téh urang sawarga.

“Ari widadari ngagaleuhna ti mana?” Étah, Ujang geus pok deui baé nanya!

Apa ngarti naon sababna nu matak Ujang nanya kitu, lantaran tangtuna ogé inget ka Emah nu sok balanja ka warung atawa ka pasar, balanja dahareun keur sapopoé. Upama widadari nganteuran dahareun ka Nini Antéh, tangtu dahareun téh aya asalna, ti mana? Nya tangtu ti warung atawa ti pasar—kitu pastina ogé pikiran Ujang harita téh.

Bener pisan analisa Apa téh, da basa Apa rada lila ngahuleng mikiran pijawabeun, geus pok deui Ujang nanya, “Di sawarga téh aya warung, Pa?”

Asa disedekkeun, harita Apa kudu ngajawab, “Aya. Aya warung di sawarga paranti widadari balanja keur nganteuran Nini Antéh.”

Neruskeun jalan pikiran Ujang bieu, Ujang nanya deui baé. “Ku saha ditanggungna?” Éta pertanyaan téh jigana baé ku lantaran Ujang nyaho kana kabiasaan Mang Warung di hareupeun imah nu sok nanggung balanjaan ti pasar saban poé. Naha atuh inget ka Emah nu sok balanja ti warung? Apan ari Emah balanja ti warung mah, teu kudu aya nu mangnanggungkeun—jadi meureun Ujang moal katutuluyan nanya kitu ka Apa.

“Saha Apa nu nanggungna?” Ujang pok deui nanya kawas nu teu sabar hayang meunang jawaban.

Ras inget, dina dongéng Apa teu kacatur aya lalaki pituin urang sawarga, ngan aya widadari wungkul, awéwé, istri. Nini hidep baheula teu kungsi ngadongéngkeun kitu deuih, diinget-inget téh. Tapi, da bisa baé Apa nambahan ku nu teu kacatur dina dongéng nini hidep baheula, lain? Bisa, da dongéng ieuh, jeung deui apan nu dipangdongéngkeunana ogé budak nu can nyaho di hitut bau.

“Sakti widadari mah, Ujang,” cék Apa. “Teu kedah dipangnanggungkeun ku batur, da balanjaanana ogé bisaeun hiber sorangan nuturkeun widadari saatosna ditiup ku widadari.”

Ujang sugema ku éta jawaban téh, tapi Ujang mah teu perlu nyaho, yén dina nambahan dongéng widadari ti nini hidep téh, Apa teu wani ari kudu nyebutkeun yén aya tukang nanggung di sawarga mah. Lantaran nya kitu, di Apa aya kénéh sieun doraka, ma’lum apan dongéng nini hidep téh dongeng ti pangaosan.

(Tina Anaking Jimat Awaking, karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 2 Pairan »

Apa Poho

Posted by bujanggamanik dina Désémber 6, 2007

bobo.jpgBasa Apa balik ti kantor, Ujang keur ngablu, Nyai keur saré ngageubra di kamar hareup. Bari muka tali sapatu, karérét di gigireun Nyai aya bonéka butut milu saré, maké disimbutan sagala. Nyai téh awéwé cara Emah, cék haté. Enya, abong-abong awéwé, resep kana bonéka. Ari bonéka téh apan gambaran orok anu sok dijurukeun ku awéwé. Ras harita téh inget ka Ujang nu tangtu keur ulin jeung anak-anak tatangga. Cék haté, Ujang téh lalaki cara Apa—langka aya di imah, ka kantor téa, rapat téa, gapléh téa, jeung saterusna. Abong enya Ujang lalaki, geus cara Apa, langka aya di imah, jarambah.

Rét kana méja makan, dahareun geus ngabacreuk, haraneut kénéh. Tapi biasa, Apa mukaan heula koran nu poé éta. Di Iran keur ramé pésta, méstakeun dua rébu lima ratus taun ngadegna karajaan. Syah Iran jeung Ratu Farah Diba nampi tamu ti sakuliah dunya. Sajeroning maca éta, Apa poho yén Syah téh lalaki cara Ujang, jeung Ratu Farah téh awéwé, cara Nyai. Apa teu bisa nepungkeun pikiran tadi nu medal tina rasa kakulawargaan jeung pikiran sabada maca koran bieu nu medal tina rasa sugema duméh geus nyaho lalakon alam dunya nepi ka poé éta. Tur padahal Ujang jeung Nyai kungsi nanya basa Apa keur ngadongéng “Jaman Baheula”. “Ari Kangjeng Raja téh pameget?” “Ari Prameswari téh istri?”

 Enya, Apa téh geus poho ka Ujang jeung ka Nyai ku lantaran keur meunang kasugemaan tina maca Koran, buktina kalah ka terus anteng macaan berita-berita saterusna. Sihoréng kabéhanana ogé, saperti sasari, ngabéjakeun hal-hal nu aya patalina jeung tempat, kajadian katut jelema. Jelema nu diwangun ku awéwé jeung lalaki. Ngaran-ngaran nu minuhan koran poé éta kayaning Soeharto, U Thant, Nixon, Indira Gandhi, Solihin, Otje Djungjunan, Sum Kuning—kabéh ge mun teu lalaki tangtu awéwé nu keur ngalalakon di alam dunya sarta kakorankeun poé éta.

Apa poho yén Ujang kungsi nyarita majar hayang jadi présidén, jeung Nyai hayang jadi Nyi Putri. Meureun, upama kabiruyungan, Ujang jeung Nyai téh baris kakorankeun dina taun 2000 atawa taun 2003. Ari ras kana taun dua rébu-dua rébu kitu mah maké terus inget kana hirup sorangan. Nanya dina jero haté: Aya kénéh kitu aing dina taun éta? Bari poho ka Ujang ka Nyai mah, naha dina taun éta hidep duaan harirup kénéh? Da apan umur mah, paribasa aya paésan sajeungkal. Rumasa anaking, Apa leuwih loba poho, yén Ujang jeung Nyai jaga téh bakal kawas Apa—nya éta di mana hidep duaan geus boga anak cara Apa ayeuna. Bakal sarua kawas Apa, nu sanajan geus boga anak—nu biasa disebut beubeulahan haté awaking—tapi haté mah leuwih loba museur kana kahirupan Ki Awakingna.

(Tina “Anaking Jimat Awaking”, Karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | Leave a Comment »

Anjang-anjangan

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 28, 2007

anjang.jpgKu Wahyu Wibisana

Ujang jeung Nyai keur anjang-anjangan di émpér, Apa mah harita téh keur maca tajuk rencana nu nyaritakeun yén di nagara urang ayeuna teu perlu aya oposisi permanén.

Kadéngé Ujang pupuntenan, ditémbalan ku Nyai lentong naker, majarkeun téh, “Mangga calik di lebet. Mangga geura leueut. Teu aya nanaon di dieu mah.”

Sanajan harita Apa teu awas kana paripolah hidep duaan, tapi bisa nyipta yén Ujang meureun keur sila andekak hareupeun Nyai, jeung Nyai giak pisan ngasongkeun pipiringan leutik nu dieusian ku naon boa.

Si Untung, ucing hideung urang, kadéngé éong-éongan asup ka imah. Kadéngé Nyai gancang nitah nyumput ka Ki Sémah—majar téh aya maung hideung. Ujang nurut ka pribumi bari pok deui pok deui nyebut sieun maung.

“Keun urang gebah,” cék Nyai ngareugreugan, tuluy ngahushus ucing.

Tapi Si Untung éong-éongan baé. Dihus-hus beuki tarik, kalah ka beuki tarik deuih éong-éonganana—jigana mah marukan rék diparaban..

“Bangor Ucing téh ih,” cék Ujang bari kadéngé sada dibarung ku seuri leutik. Apa ngarti yén Ujang keur nyeungseurikeun Nyai nu enya-enya pisan hayang ngajaga sangkan suasana anjang-anjangan tetep nuluy, ulah kaganggu. Kari-kari ku Ujang ucing bet kalah disebut ucing, lain disebut maung.

“Maung kituh!” cék Nyai mani morongos.

“Ucing ah!” témbal Ujang tandes.

Ti dinya Ujang jeung Nyai pacéntal-céntal, “Maung! Ucing! Maung! Ucing!” Beuki lila beuki tarik jeung palambat-lambat

Nging Nyai ceurik, gancang asup ka imah nyoroyo ka Apa bari pupulih majar Ujang bangor.

Hayang nuluykeun jalan pikiran Nyai harita Apa téh, ku lantaran kitu jungkunung Apa nangtung, panon dibuncelikkeun, tuluy leumpang jajarigjeugan bari pok ngomong digoronggongkeun,” Ieu buta, ha-ha-ha-ha …, ieu buta, ha-ha-ha-ha …”

Nyai gancang lumpat deui ka émpér bari gogorowokan ngabéjaan ka Ujang aya buta. Basa Ujang rét ka Apa, Ujang gé gancang lumpat ka luar bari gogorowokan, “Aya buta! Aya buta!”

Ujang ngacir ka jalan, diseungseurikeun ku Nyai nu tuluy ngaléndéan Apa bari pok nyarita, “Apa da ieu mah nya, sanés buta.”Nyai gancang dirangkul ku Apa, dipangku, ngok dicium bari ngomong, “Maung gé sieuneun ku buta mah, nya?”

“Ku Apa sieuneun?” Nyai nanya panasaran.

(Tina “Anaking Jimat Awaking”, Karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | Leave a Comment »

Aya nu Pupuntenan di Luar

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 28, 2007

punten.jpgKu Wahyu Wibisana

Manéhna nu geus nyangling kacapiring jadi caringin kurung di alun-alun puseur nagarana, manéhna nu ngalinggihan taneuh di juru pakarangan nepi ka jadi tegal siawat-awat tempat negarkeun kuda hayalanana, manéhna nu nyiptakeun leuweung ganggong simagonggong tina paku jeung suplir sisi kulah hareupeun imah, manéhna nu ngaleungitkeun tapel wates mangsa nyaring jeung mangsa ngimpi, manéhna nu jarambah jeung resep bebetah di juru-juru jagat nu didongéngkeun ka manéhna, bener, nya manéhna deuih nu geus bisa ngahandapkeun langit nepi ka béntang-béntang bisa dipetikan, bulan bisa ditoélan, sarta panonpoé bisa dijieun langlayangan.

*

Wilujeng énjing, anaking.
Ti bangbarung ieu butbat jalan ka madhab mangyuta; puguh gé geretan dina bak padoman nu aya téh acan lengkep pisan, bisa kénéh ditambahan dina seselana ku nu disebut titik kamungkinan dina hirup hidep.
Bral, hidep bisa laluasa milih rék ka mana nya pilakueun.

*

Tapi ku lantaran hidep can wani meuntas jalan, can bisa dibaju sorangan, jeung atoh kénéh dibéré récéh lima puluhan, ayeuna mah pék atuh geura ngiuhan di handapeun kacapiring nu geus disangling jadi caringin kurung téa. Di dinya pék ku hidep deukeutkeun nu anggang, leutikkeun nu gedé, ayakeun nu euweuh.
Jeung upama bapa hidep neuteup leleb ka diri hidep harita, éta téh saéstuna keur pupuntenan di hareupeun panto alam dunya nu béda, alam dunya nu dipribumian ku hidep pribadi. Naha hidep daék mukakeun pantona? Naha upama geus dibuka, nu pupuntenan téh bisa asup ka jerona?

(Tina “Anaking Jimat Awaking”, Karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 1 Pairan »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.