Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Eusi Blog

ps.jpgIeu blog diajangkeun pikeun ngawadahan rupa-rupa tulisan dina basa Sunda. Tulisan saha bae anu gede minatna kana ngamumule basa katut sastra Sunda. Harepan administrator, ieu blog teh bisa jadi rawayan anu nepungkeun individu-individu pituin urang Sunda pikeun ngayakeun padungdengan ngeunaan kasundaan, dina raraga ngaraksa ngariksa banda titinggal karuhun urang Sunda. Hadirna ieu blog dimimitian ku bismillahirrahmaanirrahiim. Mugia urang Sunda nanjung apanjang-apunjung, tanjeur di juritan jaya di buana.

32 Balesan pikeun “Eusi Blog”

  1. :)

  2. pribumi pok

    :)

  3. Sampurasun…
    Sim kuring ngaraos kataji ku ieu blog (basa sunda na naon upami blog), panginten pangersa nu ngageugeuh ieu blog langkung uninga. Hapunten tos kumawantun lebet ka blog.

  4. pribumi pok

    Rampes…
    Ku emutan, blog dina basa Sunda nya blog we, asal ulah ditambihan awalna ku kecap go:). Cindekna teu aya istilah basa Sundana. Janten kecap blog teh ngabeungharan kosa kecap basa Sunda. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka taman Bujanggamanik anu mung sakieu buktosna. Diantos saran sareng komentar salajengna.

  5. kusmayadi pok

    mun emut sepuh kapungkur, sok mepende ku mangrupi-rupi dongeng, ayeuna eta dongeng teh aya deui, hatur nuhun eteh…

  6. pribumi pok

    Sawangsulna, hatur nuhun kana kasumpingan sareng komentarna.

  7. aparaka pok

    Sampurasun teh,
    Bade nyuhunkeun widi ka teteh. Tiasa kitu upami sim kuring ngirim ngopi dongeng-dongengna? Hatur nuhun ah sateuacana. Sae pisan blogna.

    pun Sarip

  8. Pribumi pok

    Rampes saderek Sarip,
    Salam kenal ti sim kuring. Mangga teh teuing bade ngopi dongeng2 mah, bebas we da gratis ieuh hehehe…Hatur nuhun kana kasumpinganana, mugi henteu bosen rurumpaheun ka Taman Bujanggamanik.

  9. Ass. Euleuh… euleuh…
    asa mani waas gening, sateucana punten abi mah teu tiasa basa sunda nu leres, mung sakieu we gening sapertos basa kanggo sadidinten.
    Blog na mani sa deuih…,
    Ibu abimah hoyong nga-request, carita-carita lucu si kabayan nu sanes we.
    Hatur nuhun sateuacana….

  10. Pribumi pok

    Waalaikumsalam,
    Hatur nuhun kana kasumpinganana, Ayi Hari. Insya Allah pamundut saderek bade diemutan. Urang paluruh deui carios-carios Si Kabayan nu sanesna.

  11. B1 6010 pok

    Ibu mangga wae.. pmi bade di link keun mah…
    sae pisan..

  12. Hatur nuhun, Yi. Ku abdi bade di-link dina blog nu ieu.

  13. van PESIE pok

    dongeng si kabayan kumaha ieu?

  14. deny pok

    hatur nuhun teh.. sae pisan….mugi tiasa ngalebet carita sunda nu sanesna..

  15. Pribumi pok

    Saleresna seueur keneh carios nu bade diposting dina ieu blog teh. Ngantosan waktos nu rineh kanggo mostingna. Nuhun ka sdrk Deny.

  16. Maman Gantra pok

    Wilujeng, Teh… Blogna sae pisan. Teraskeun…

    Baktos,
    MGT

  17. Hatur nuhun saderek Maman. Mangga atuh bilih bade ngersakeun maparin saran sasieureun sabeunyeureun, diantos pisan.

  18. elis-rose pok

    Asslmualakum???
    sampurasun…
    alhamdulilah… abdi meuni kataji ku aya na blog urang sunda.
    nembean lis lebet ka blog ieu.
    mudah2n urang sunda salawasna di tangtayungan ku Alloh SWT.amiin
    salam sono kasadayana. o…enya bade tumaros abdi hoyong ngembangkan bakat ngadamel sajak sunda. keudah kamana nya???
    yuswa lis 20 taun.basa nuju SMP lis pernah ngintun sajak sunda ka salah sahiji media basa sunda,alhamdulilah diterbitkn. tah ayeuna abdi hoyong ngirim2kn deui tapi bingung kdah kmn?
    nyuhunkn bongbolongan nana..
    kirim ka email elisanalislab@yahoo.com
    haturnuhun.

  19. elis-rose pok

    add.elisanalislab@yahoo.com

  20. Pribumi pok

    Rampes. Bagea Ayi Lis. Perkawis ngarang sajak, teraskeun, aya 2 hal anu tiasa ngarojong kana bakat nyerat saderek: seueur maca karya batur srg sering latihan. Sajakna cobi kintunkeun ka Mangle, jln Lodaya no. 19 Bdg.

  21. yoyon suryono pok

    sok rada kagok nganggo basa sunda teh, tos langkung 30 tahun jarang berbahasa sunda. Ku ayana ieu blog panginten tiasa dianggo ngemut2 deui basa sunda. Hatur nuhun aya media berbasa sunda, alhamudillah. Nuhunkeun informasi majalah basa sunda selain mangle?

  22. Pribumi pok

    Hatur nuhun kana kasumpinganana saderek Yoyon. Perkawis majalah basa Sunda anu kantos kabaca ku sim kuring mah, sajabi ti Mangle teh oge aya Cupumanik, Sunda Midang, sareng Seni Budaya.

  23. Wilujeng. Motekar sareng sae pisan Blog-na. Seratan ngeunaan Bulan Puasa di Lembur, matak waas ….. mulangkeun panineungan ka jaman keur budak ….. Ageung mangfaat-na deuih …. bahan inspirasi mun Si Bungsu nagih PR basa Sunda …. Sakali deui wilujeng nya Teh … Diantos seratan nu sanesna ..

  24. Pribumi pok

    Salam kenal saderek Endang. Sim kuring teu rumaos motekar, mung ieu mah bakat ku nyaah ka Ki Sunda, bakat ku hoyong ngamumule sareng nanjeurkeun Ki Sunda, dugi ka abeng-abengan nganjang ka dunya maya, anu ahirna bumetah di alam nu eta, ngadamel padumukan paranti reureuh saheulaanan di alam nu sarimbag sareng alam impian, eta padumukan teh nya eta blog nu ieu pisan, paranti tepung lawung sareng urang Sunda di mana bae ayana, anu kersa rurumpaheun ka dieu. Insya Allah ieu blog ku sim kuring bade ditambihan deui ku seratan-seratan sanesna anu diperyogikeun ku balarea. Hatur nuhun kana kasumpingan saderek.

  25. iis latifah saputra pok

    haturnuhun pisan abdi bingah,kuayana majalah sunda komo abdimah ayeuna aya di US tos lami pisan sim abdi tos gentos IDna janten liasalma@yahoo.com.haturnuhun

  26. iis latifah saputra pok

    aduh teteh blogna manisae pisan.wilujeung,abdi parantos digentos IDna janteun liasalma@yahoo.com tapi simabdi masih ngumbara di US,sataun sakali upami aya beukeul uih kabandung.abdi cintapisan ana sagalarupi kasundaan.

  27. Pribumi pok

    Hatur nuhun, diantos atuh di Indonesia upami kaleresan mulih ka lemah cai.

  28. Uskar Sumarna pok

    Teteh,
    kumaha upami “said” teh digentos bae ku kecap “saur”.
    Upamina bae : Saur Neneng,
    Saur teteh

  29. Pribumi pok

    Hatur nuhun pisan ka gajahkurus anu parantos luntur galih ngalereskeun perkawis basa nu dianggo dina ieu blog, tina basa Inggris janten basa Sunda. Ku kituna pamundut ti saderek Uskar parantos ditedunan.

  30. urang citarum pok

    aya ku reueus tur bagja ningal sumanget anu ngagedur dina ngamumule budaya sunda, nuhuuuuun teteh

  31. Pun Alawi ti Cililin pok

    Hatur nuhun Teteh,
    Gening masih keneh aya anu kersa ngamumule budaya sareng basa Sunda. Sanaos abdi ngumbara ka daerah anu sanes, keukeuh ari ka Ki Sunda mah nyampeulit. Salah sawiosna ku maos ieu blog. Sok atuh urang sasarengan, rojong ku sadayana, urang mumule basa sareng budaya Sunda teh. Da gening saha deui atuh. Malah sok sedih pami tepang sareng urang Sunda tapi nyariosna teh sok ngangge basa sejen. Siga nu isin pami ngangge basa indung teh. Mang hanjakalkeun….

  32. surya kusumah/kang acun pok

    teh blog na sae pisan….wios abdi niron..?

    _______________________________________________________________________________________________

    Kang Acun, Hatur nuhun kana kasumpinanana. Mangga wae bade niron mah.

Tinggalkeun Balesan

XHTML: Anjeun bisa ngagunakeun ieu tag: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <pre> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>