Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan April 2009

Ada Main

Dimuat ku bujanggamanik dina April 10, 2009

demo

Ku Darpan Ariawinangun

Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan.

Pucuk ti girangna mah: listrik!

Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh.

“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!”

Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoèt ambekna.

Bari abring-abringan maranèhna padungdengan.

“Kumaha engkè pokpokanana ka Camat?” ceuk salahsaurang.

“Mènta kaadilan wè kituh!”

“Urang sebut, Camat teu gableg cedo!”

“Ah, kasar teuing ari kitu mah.”

“Har, naha urang ayeuna rèk popoyongkodan kitu?”

“Ari rèk kitu mah ku saurang gè mahi!”

Sarèrèa unggut-unggutan nyaluyuan.

“Maksud tèh sing wajar wè.”

“Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah. Urang mah kapan rèk ngalakonan nu teu wajarna.”

Sarèrèa unggut-unggutan deui.

“Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”

“Nya urang pagedè-gedè ambek wè atuh!”

Sarèrèa leuwih rosa unggut-unggutanana.

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 3 Pairan »

Digusuran Jurig

Dimuat ku bujanggamanik dina April 10, 2009

images

Ku Ki Umbara

Ari batur mah cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadèngè sora goong tèh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garètèk. Keur digawè ogè teu welèh èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè, malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat tèh nyaèta asa boga hutang. Lain babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan papayungan tèh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!

Lain sakali dua kali, tampolana keur gering ogè kuring mah ari ngadèngè sora goong tèh sok ngadak-ngadak cageur.

Teu anèh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring ogè tara ambek da enya.

Kawasna kuring resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manèhna meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo tèh, resep ngibing, resep … mabok!”

Simana deuih cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa, “Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”

Kaharti mun Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti bubudak.

“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang masantrèn.

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Karya Ki Umbara | 3 Pairan »

Sisindiran

Dimuat ku bujanggamanik dina April 10, 2009

angkotKu Taufik Faturochman

 

Sisindiran I

Kaayaan dina angkutan kota, kadang-kadang sok mancing pipasèaeun. Aya panumpang mayarna kurang, supir tèh sok langsung hahaok. Kitu deui lamun supir ngebut sakarep ingsun, panumpang loba nu ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok ngahudang napsu pigeluteun. Sanajan kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi lamun pamnumpang jeung supir nyaritana makè sisindiran mah moal kungsi ngondang pipasèaeun. Upamana baè aya supir ngebut, panumpang teu kudu ngambek, cukup ku sisindiran.

Melak suplir makè huut,

dibawa ka Cicalèngka,

Ari nyupir ulah ngebut,

kumaha lamun cilaka?

Lantaran  panumpang nyaritana makè sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. Malah langsung ngajawab ku sisindiran deui.

Kacapanon dina jukut,

geus ruksak rèk diomèan.

Ku naon abdi bet ngebut,

apan keur ngudag setoran.

Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran mah ngalantarankeun kaayaan dina jero angkot jajauheun kana pigeluteun.

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 2 Pairan »

Putri Jin

Dimuat ku bujanggamanik dina April 7, 2009

gunungJalan satapak nu biasa disorang geus bèak. Ka dituna mah teu ilahar kasaba ku manusa. Wungkul leuweung anu remet. Kawas jadi sasmita tina lalampahan anjeunna. Anjeunna geus ngantunkeun alam karamèan, tempat pabuaran nu lumrah. Indit nyorang kapanasaran. Anu matak kaayaan anu sakitu gurawèsna tèh teu matak gedag kana manahna. Jongjon baè anjeunna angkat, paribasa nètè akar ngeumbing jangkar, sèsèlèkè dina cadas nu laleueur.

Sora lutung mani harus patèmbalan matak kelar. Keur jongjon, mindeng asa kagebah, aya anu ngagarapak, horèng cangèhgar nu kagamahan. Hiber ngayapak teu jauh. Leungit deui dina rerembetan.

Tungtungna mah cunduk ka nu dituju, kana pucuk batu agung. Tempat anu pangluhurna, awas ka mana mendi. Lebah dinya ngan bangsa tangkal lampeni jeung harèndong. Dina cadas narangkod lulukutan. Lebah anu nangtawing aya anu nyègog. Éta tèh lawang guha, meujeuhna keur nyamuni saurangeun.

Hareupeun lawang guha, dina batu anu dèmprak, anjeunna ngadeg. Mayun nyela bumi, neuteup titingalian nu gumblung-gamblang. Kapan itu sagarahèrang pakuwon ibu ramana. Ti dinya mah ngan leuweung jeung tegalan baè. Selang-selang tinggurilap, talaga katinggang cahaya srangèngè ti kulon.

Kitu anu katingali ku socana. Tapi anu kaimpleng ku manahna mah jajatèn ramana. Radèn Aria Wangsagoparana anu ditundung ku èyangna, nyaèta Sunan Ciburang, dumèh anjeunna salin agama, ingkah tina ageman karuhunna. Dicipta-cipta ku manahna kumaha lalampahan ramana, nyorang patempatan anu sakitu banggana. Mun kurang pangger iman mah kumaha bisana. Dipapantes meureun ramana tèh nempuh gunung anu itu, ngagulampèng mipir gawir nu lungkawing, mapay sempalan nu ngupluk-ngaplak, nya anjog ka Nangkabeurit, tempat patapaanana. Moal henteu ngan lantaran geus rèngsè bebetah dina manahna baè ramana iasa ngababakan tèh, tepi ka sagarahèrang jadi tempat resik pikabetaheun. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Karya Masterpiece | 6 Pairan »