Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan Januari 2009

Ganjaran ka nu Hadé Haté

Dimuat ku bujanggamanik dina Januari 12, 2009

ekekAya ékék nu hirup di hiji leuweung. Matuhna dina parungpung kai anu kacida gedéna. Unggal poé éta ékék téh sok nyiar hakaneun, pangpangna siki jagong, di leuweung sabudeureunana. Lamun manggih kebon jagong, manéhna gumbira pisan, nya bisa ngadahar saseubeuhna, nya bisa mawa siki jagong kana sayangna. Dibélaan pulang anting ti sayang ka kebon. Maksudna taya lian rék nyéngcéléngan siki jagong keur sasadiaan dina usum paceklik.
Bakat ku leukeun, lila-lila parungpung téh pinuh ku siki jagong. Nénjo siki jagong sakitu réana, ékék téh gedé haté. Teu hariwang najan nyanghareupan usum paceklik ogé, da boga sasadiaan dahareun.
Nya nepi ka mangsana paceklik. Harita téh usum katiga entak-entakan. Hawa pohara panasna, tatangkalan réa nu kalémpohan, jukut gararing di mana-mana.
Dina kaayaan kitu, ékék téh pohara apikna kana dahareun. Jagong simpenan téh diawét-awét sangkan mahi nepi ka usum ceuyah deui.
Dina hiji poé, jol aya jelema, ngadon ngiuhan handapeun tangkal nu dipaké pamatuhan ku ékék téa. Lungsé pisan bangunna éta jelema téh, da leumpangna ogé semu rarampéolan. “Duh, mani capé-capé teuing. Jaba ieu beuteung geus sababaraha poé teu kaasupan dahareun,” ceuk éta jelema ngomong sorangan. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 7 Pairan »

Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

Dimuat ku bujanggamanik dina Januari 12, 2009

tangkuban-parahuKacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.
Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka hiji tegalan, deukeut walungan Citarum. Barang datang ka dinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut nu moro uncal ka dinya. Aya hiji batok balokan urut tuang Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang, leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh baé.
Lila-lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé geulis. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan. Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongéng Sasakala | 3 Pairan »