Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 20, 2008
Ku M. Mansur S.
“Geus ngabudaya kawasna di urang mah, nya Més?”
“Naon téa, Kabayan?”
“Éta, panasan, embung éléh, atawa tuturut munding ari kitu téh pingaraneunana, Més?”
“Heueuh, naon téa? Sing jéntré ari nyarita téh atuh.”
“Éta téa geuning…heueuh… hayang nurutan batur, Émés.”
“Hayang nurutan batur kumaha ari énté, Kabayan?”
“Lah, sok api-api teu ngarti ilaing mah, Émés.”
“Har ituh, teu pupuguh…?”
“Geura wé tuh tempo ku ilaing. Mun dina salah sahiji stasion tipi aya hiji acara anu loba nu mikaresep, geus tangtu wé stasion tipi nu séjén téh nurutan ngayakeun acara samodél kitu. Ukur dibédakeun ngaranna wé atawa istilahna. Padahal kitu kénéh kitu kénéh. Tipi nu séjénna deui deui téh embung éléh. Der ngayakeun deui anu teu béda ti kitu. Antukna mah kabéh station tipi aya acara nu kituan.”
“Da lain dina stasion tipi waé atuh, Bay…”
“Heueuh nu matak ceuk uing kawas nu geus ngabudaya téa ogé, Més.”
“Enya, ari kitu?”
“Kumaha tah ceuk ilaing salaku…santri kalong?” Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Kabayan & Santri Kalong | Leave a Comment »
Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 12, 2008
Kangjeng Prabu Sri Baduga Maharaja, Raja Nagara Galuh Pakuan, hiji mangsa kasumpingan utusan ti Karajaan Majapait. Éta utusan téh dipiwarang Prabu Hayam Wuruk masrahkeun lamaran. Kaleresan Sri Baduga Maharaja kagungan putra istri, kacida geulisna, jenengan Déwi Citraresmi.
Sigana béja Sri Baduga kagungan putra geulis, nepi ka Majapait. Turug-turug Prabu Hayam Wuruk tacan ngabogaan praméswari. Ku sabab éta manéhna ngirim utusan, pikeun masrahkeun lamaran téa.
Sabada dibadantenkeun sareng putra-garwana, panglamar Prabu Hayam Wuruk ditampi. Malah sakumaha paméntana, Déwi Citraresmi rék dijajapkeun ka Majapait. Alam harita, Karajaan Majapait mangrupa karajaan panggedéna di Nusantara (Indonésia).
Sabagéan gedé karajaan nu aya di Indonésia, jadi patalukan Majapait. Malah kabéjakeun kakawasaanana nepi ka Malaysia, Singapur, jeung Thailand ayeuna. Di antara nu henteu taluk téh nya éta Karajaan Galuh Pakuan. Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Carita Sajarah | 8 Pairan »