Ku Caraka
Rebun-rebun hudang, moro pukul tujuh… digawé.
Pukul dua mulang, dahar…reureuh.
Reup peuting…saré.
Isuk-isuk hudang deui.
Kitu jeung kitu, bulak-balik saban poé, dua puluh opat jam, saban minggu, saban bulan, mangtaun-taun.
Kudu hudang, kudu moro pukul tujuh digawé, kudu dahar, kudu saré, jeung sababaraha kudu deui, lalakon hirup jero sapoé sapeuting.
Hirup tungkul kana kudu, disengker ku waktu.
Kuring nanya ka kuring, “Naha kitu kuduna hirup kumelendang di dunya téh? Bet hirup diured ku waktu, dihalangan, teu yasa sakarep ingsun. Tuh manuk, hiber kakalayangan di buana pancatengah, sakahayangna, sakarepna; mun eunteup di mana clegna, mun nyayang di mana daékna. Euweuh nu geureuh, taya nu nyaram, taya nu opén…merdika!”
Kuring indit sanggeusna diidinan perlop.
Rék ka mana? Duka teuing. Incah teu diajam ti tadina, teu puguh nu dituju, rék ka mana baé anjogna, sugan mah rék nuturkeun indung suku baé cara nu pundung.
Rék naon? Duka teuing. Kawasna mah rék nurutan manuk.
Sarung polekat, kopéah maké milu diasupkeun kana rangsel, kabeneran maké boga kénéh rangsel urut berjoang baréto. Jaba ti éta téh, maké dijejelan ku bebekelan dahareun, di antarana kornét, sardéncis dua kaléng, malah roko mah maké mawa aya lima bungkusna. Térmos wadah cai teu tinggaleun.
Pamotrétan disoréndang cara wartawan potrét.
Jog anjog ka setatsion, meuli karcis, sarta teu kungsi lila karéta api téh geus ngaléong.
Kereteging haté, barang kuring nepi ka pangeureunan karéta api leutik, di tengah-tengah antara pasir jeung pasir, sanggeusna karéta api ngaliwatan jalan nu pungkal péngkol, bet hayang turun.
Sanajan karcis tacan nepi ka tempat nu dituju ogé, da harita hayang turun, da hayang nuturkeun kahayang téa, ah, turun baé.
Jut turun manggih jalan satapak ka tonggohkeun, kuring leumpang mapay-mapay jalan suni.
Leumpang antara kebon jeung kebon, nanjak mudun mapay reuma ngurilingan pasir.
Panonpoé rék nengahan, nongtoréng nojo kana beungeut, késang luut-léét, bet ngarasa beurat babawaan sakitu téh, moal leuwih ti sapuluh kilo. Baca tuluyan ieu tulisan »

























