Arsip pikeun bulan Séptémber 2008
Haturan Para Tamu Blog Bujanggamanik
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 22, 2008
Dimuat dina Uncategorized | 14 Pairan »
Malem Takbiran & Lebaran
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 22, 2008
Ku Asép Ruhimat
Teuing ku ramé ari maleman takbir, lembur téh hirup sapeupeuting. Saban pongpok masigit raéng ku nu takbiran, atuh geus karuhan dulag mah ngadurugdug taya eureunna. Ibu-ibu di imahna séwang-séwangan, pak-pik-pek ngahias méja ku rupa-rupa idangan. Kéler peuyeum ketan minangka kokojona dina méja, bubuhan kadaharan has lebaran éta mah.
Kapeutingnakeun malah kaluar ti masigit jeung bedug-bedugna, diarak ngurilingan lembur, geus leuwih ti haneuteun kasebutna gé. Bruy-bray lampu cempor, tinggalebur obor, peuting ramé leuwih ti beurang.
Barudak mah tara tutug abring-abringanana ogé, kajaba barudak pamuda jeung kolot-kolot, da sok inget waé kana baju anyar pakéeun isuk. Atuh sadatangna ka imah, rap baé si baju anyar téh dipecakan, tampolana henteu cukup sakali da sok rap deui, rap deui. Sapatu anyar ogé sarua deuih dipecakan, leuleumpangan peuting-peuting di patengahan imah malar isuk teu ngawagu.
Sihoréng méh saréréa barudak lembur baheula mah karitu, jécéh kabina-bina kana baju anyar téh. Ongkoh deuih dipangmeulikeun baju anyar téh ukur nitih sataun sakali.
Sapeuting jeput maleman takbir mah raména ogé. Komo mun seug caang bulan; ucing-ucingan, lulumpatan, nyeungeut karbit, geus karuhan nu ngadulag jeung nu takbiran di jero masigit mah.
Lebaran
Dur subuh pancuran jeung sumur geus pinuh ku nu marandi, teu sirikna pagelek-gelek. Sabot nungguan giliran, galécok nyaritakeun soal baju anyar, kadaharan, jeung rencana piknik. Mun peuting di masigit raména téh, ari geus subuh mah di pancuran.
Balik mandi téh rap baé baju anyar, tara ieuh maké sarung, kajaba sabagian bapa-bapa. Laju gesat-gesut muru masigit, ngadon salat sunat.
Saréngséna sunat, sanggeusna sasalaman, geur ngadulag bébéakan. Teuing kumaha mimitina, da kulit bedug téh ngan semet lebaran baé umurna. Mun teu soéh, nya sok aya nu pirajeunan ngabesét. Tapi, tara ieuh aya nu ambek, da kulit pigantieunana geus sayagi, beunang ngahaja meting tina kurban.
Tinggélémbréng baju anyar, kolot budak, awéwé lalaki saruka bungah bari silih hampura, silih anjangan, jeung silih asaan kaolahan. Mun poé-poé biasa tara pirajeunan nénjo nu disapatu, bubuhan di lembur, tapi ari lebaran mah maraké sapatu, copélna sageuy teu sandal anyar.
Barudak loba anu tingaringkud lantaran keuneung lécét, pangpangna mah ku tara biasa maké sapatu téa. Komo ieu bari jeung leuleumpangan ka ditu ka dieu tur indit ka tempat anu kaerong meujeuhna dipaké abring-abringan piknik. Sageuy mun teu lécét suku urut sapatu gé.
Atuh bapa-bapana, baju lebaran téh saterusna mah sok maneuh dipaké jumaahan, tara terus dipeleter saban poé. Jadi lumayan rada awét, béda jeung barudak. Najan, ari ku lila-lila teung mah, baju lebaran téh nasibna jadi … cocok lodong.
Tina Sambel Jaér, Karya Drs. Asép Ruhimat
Dimuat dina Bulan Puasa di Lembur | 4 Pairan »
Kawih-kawih Mang Koko II
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 18, 2008
Patani
Leumpang gagancangan, muru pagawean
Ngagedig leumpang patani
Paculna dipanggul, bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah tanah ambeh cukul
Bapa tani jongjon, ngolah sawah kebon
ngadekul ngagarap hanca
kuat kahujanan, kuat kapanasan
tulaten ngurus pakaya
bapa tani ahli bakti
babakti ka lemah cai
___________________________________________________________________________________________________
Balap Lumpat
Balap lumpat patarik-tarik lumpatna
Balap lumpat paheula-heula tepina
Hiji dua barudak sadia
Tilu barenglumpat paheula
Lumpat tarik bebeakan
Muru kalang pameunangan
Lumpat tarik meakkeun kabeh tanaga
Embung kasor haying dating pangheulana
Lumpat tarik tangtuna sok lempoh
Silih susul ambekan hah-heh-hoh
Nicak kalang pameunangan surakna ayeuh-ayeuhan
Balap lumpat papada hayang tiheula
Balap lumpat museurkeun kabeh tanaga
Lumpat cape beakkeun tanaga
Lesu ngaclek nyusul teu kaduga
Lumpat nyisi dodongkoan
Ku baturna dikeprokan
Dimuat dina Kawih Asih | 7 Pairan »
Kawih-kawih Mang Koko I
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 18, 2008
(Lirik: Winarya Artadinata)
Purnama nu kungsi leungit,
ayeuna nganjang ka buruan deui,
anu kungsi kapiati,
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding,
ayeuna datang ngahaleuang deui,
hayu pataréma tineung,
cacapkeun meungpeung aya kasempetan.
Ayeuna mangsa nu éndah,
hayu urang suka bungah,
caang bulan opat welas narawangan,
ati bangblas.
___________________________________________________________________________________________________
(Lirik: Dedy Windyagiri)
Antara lolongkrang kiceup urang pateuteup,
bulan pias eunteup na lalangsé kayas,
kaca jendéla nu muka
kaca katresnan nu muka,
peuting téh teuing ku jempling,
asih téh teuing ku wening.
Pangharepan lir laut nu jero,
teu katepi ku sora panggero,
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.
Tong teuing ngedalkeun lisan,
urang guneman na ciptaan,
bagja deukeut patémbongan.
Geter ti ati ka ati,
iber jadina pasini,
saranggeuy kembang impian,
sungkeman kana lahunan.
Dimuat dina Kawih Asih | 8 Pairan »
Saung Lisung
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 18, 2008
Tonggoheun imah, kahalangan ku dua suhunan aya saung lisung. Henteu ari gedé mah, da tempatna ogé sasuhunan jeung kandang domba. Gigireunana imah Nini Ésih, nu boga saung lisung. Isuk-isuk atawa pasosoré, saung lisung téh sok ramé baé. Sora awéwé patingcikikik pabaur jeung sora halu diadu jeung lisung.
Kuring kakara kelas 2 SD, basa sok maturan Ema di saung lisung téh. Ema ngélék boboko nu geus dieusian bangsal atawa paré geugeusan, kuring ditiung ku nyiru. Terus nagog deukeut tatapakan, bari ngamandoran nu keur ngulangkeun halu. Mun bangsal geus lembut, bagéan kuring anu ngerukna tina jubleg. Sok kana nyiru. Ku Ema terus ditapikeun, sérahna dipilihan, ditutu deui. Mun aya hayam nu macokan béas, bagéan kuring nu ngabuburakna téh.
”Kadé hayam aing tong dibuburak!” Nini Ésih nyelengkeung ti dapur.
Ari nu ngadon nutu di dinya, lolobana mah parawan, titahan kolotna. Maké kabaya, disamping jangkung, ditiung ku karémbong. Nya kitu, sok kadéngé ngobrolkeun beubeureuh, bari patingirihil jeung pada baturna. Ari bahan wangkongan nu geus rimbitan, kaasup Ema kuring euweuh deui iwal ti salaki; pangedulanana, kadaékna, nepi ka wangkongan nu cawokah. Tapi henteu ngobrol wungkul kétang. Séjén waktu mah sok aya ogé nu paséa. Silih awuran ku béas, ngan henteu wé nepi ka silih teunggeul ku halu mah. Barudak awéwé anu mindeng paséa téh. Teu pira, ukur parebut jubleg. Mun geus kadéngé nu hog-hag kitu, Nini Ésih sok kaluar ti imah, tokroh-tokroh kundang iteuk.
”Na ari sia kalahka paraséa. Jubleg nu aing, lisung nu aing!” pokna, biwirna ngabulaéh pinuh ku luah. Geus kitu mah kakara empéh. Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Panineungan | 12 Pairan »
Dasar Si Kabayan
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 18, 2008
Si Kabayan namu ka dulurna nu aya di Jakarta. Di imah éta dulurna panggih jeung babaturan dulurna anu sarua keur nyémah. Kawasna éta sémah lalaki téh urang Betawi, tuluy nanya ka Si Kabayan
Sémah: ”Apakah Abang kenal dengan yang namanya Bang Midun? Katanya sih rumahnya di sekitar sini.”
Bakat ku hayang diaanggap bisaan ngomong malayu Si Kabayan ngajawab, ”Kalow hapal betul sih kagak. Tapi kalow kenal kerbau mah iyah.” Maksud Si Kabayan mah ka Bang Midun téh ngan ukur wawuh munding.
Dasar Si Kabayan
Si Iteung: ”Kabayan, na enya manéh téh rék nyaah sarta satia ka kami?”
Si Kabayan: ”Puguh wé atuh, Teung.”
Si Iteung: ”Geuning kamari manéh ngabohong ka kami?”
Si Kabayan: ”Éh…ari manéh, atuh rék jeung saha deui urang silih pikanyaah, silih pikaasih, jeung silih…bohongan téh?”
Si Iteung: ”Dasar…!”
Tina Barakatak Manglé, No. 1834 & 1895
Dimuat dina Humor Kabayan | 1 Pairan »
Masjid Jami
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 15, 2008
Jam témbok luhureun paimbaran jarumna nuduhkeun pukul dua belas kurang lima menit. Geus meujeuhna bedug. Tapi masjid coréngcang kénéh. Saperti Jumaah tukang –jeung dua tilu Jumaah saméméhna jamaah masjid jami téh ukur tilu jajar. Jajaran panghareupna kolot wungkul. Bangsaning aki-aki anu umurna mungguh saréat – geus tarungkul ka kubur. Ampir kabéh maraké kamprét bodas, tutup sirahna ku iket. Sawaréh da geus jaradi haji, dikaropéah bodas, paselang jeung nu dikaropéah buludru hépé. Jajaran kadua dieusian ku nu rada ngarorana. Teu pati darines teuing ieu mah. Cukup ku dibaju beresih disamping beresih. Saurang-urangeun aya nu maké seuseungitan. Dariukna henteu marendeko cara nu di hareup. Sangeunahna. Aya nu ngajogo, nahan sirah ku tuur, nundutan. Aya nu sila ngajémprak. Nu kaitung husu tinggereyem maca wiridan, Yasin jeung istigfar. Jajaran pangtukangna campur antara bebenjit jeung kolot-kolot nu kapandeurian datang. Réréana nyaréréd ka juru, papada embung dititah ngeusian jajaran, ambéh pinuh jeung bérés téh.
Sora tinggerendeng nu babacaan jeung nu ngaromong laun, pabaur. Waktu beuki nyérélék. Pangeusi masjid teu nambahan deui. Mualim Abas cengkat, kusiwel ngaluarkeun érloji kantong. Rét ka tukang, neuteup jajaran jamaah.
”Ngan sakikieuna nu jarumaah téh?” pokna kawas nanya ka dirina sorangan.
”Teu acan darongkap, Ajengan,” témbal Mang Yahya modin.
”Sumuhun, teu acan darongkap balubuara…”
”Euh…baretah di lembur batur meureun, teu susah dahareun.” Mualim Abas ngulangkeun panangan, ngisarahan nakol bedug.
Tukang nakol bedug nu biasa teu katénjo nangtung. Nu araya silih rérét.
”Puguh Si Iya ogé indit kamari. Ku manéh baé, Dis!” cék modin ka Hadis.
Hadis ngojéngkang. Kop kana panakol. Beledug, beledug. Teu panjang, ukur sakali nitirkeun. Kabereg ku waktu, leuir teuing. Jempé bedug, ngong Mang Yahya adan. Sorana halimpu ngalanglaung, matak kelar nu ngadéngékeun. Mangkaning di pilemburan keur meujeuhna jejemplingna.
Réngsé solat kobla, jung tukang ngunggahkeun nangtung hareupeun imbar. Nyekel encis. Ngingetan, yén dina keur lumangsungna hutbah teu meunang aya nu ngomong. Kudu saregep didaréngékeun. Najan kekecapan ngunggahkeun dina basa Arab ogé, ku saréréa kaharti pimaksudeunana kitu, da saban Jumaah pok deui pok deui digorolangkeun.
Hutbah Mualim Abas pinuh ku pépéling ngeunaan laku lampah amal ibadah. Nyaram kajongjonan teuing gawé, nepi ka cul kana kawajiban syara. Tapi ogé ulah hantem-hanteman teuing ngalakonan ibadah, nepi ka poho kana nyiar kipayah. Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 2 Pairan »
Ayana dina Beuteung
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 12, 2008
Ieu nu karandapan téh kajadianana geus lila. Keur leutik kénéh, kelas lima SD harita téh.
Ampir unggal poé Ema sok nyarék, “Tong ngapungkeun waé langlayangan, bisi hanaang jeung lapar!” pokna. Wajar anjeunna cacarita kitu, da harita téh keur bulan puasa. Panyaramna ku kuring teu pernah digubris, da boga cara pikeun nahanna. Upama geus karasa hanaang atawa lapar téh sok ngajak babaturan ngojay ka wahangan. Keur ngojay teuleum terus ngalekik nginum. Bébéja ka kolot mah puasa, da euweuh nu apaleun.
Hiji poé saperti biasa kuring ngapungkeuun langlayangan. Geus karasa hanaang gagancangan diturunkeun bari ngajak babaturan ngojay. Poé harita mah bet hayang heula neundeun langlayangan ka imah, da biasana mah sok dibabawa. Di tengah imah, katingal na méja aya cai orson sagelas. Rupana konéng, hérang pisan. Soda-sodana narapel dina sisi-sisina. Kabayang amis tiis jeung segerna. Beuteung ngadak-ngadak ngurubuk jeung tikoro uruy. Haté ngagerentes, engké gé di wahangan da érék bocor. Luak-lieuk, geus yakin taya nu nénjokeun, leguk wé diinum nepi ka béakna. Bener wé kana tikoro ngageleser, tapi teu ni’mat siga nu dibayangkeun sabab karasana hambar jeung teu ngeunah kana létah. Angen ngadadak murel hayang utah. Teu dipikiran da babaturan kaburu ngajak ti pakarangan imah mani gogorowokan.
Nepi ka wahangan, gagancangan muka papakéan. Gebrus wé ka leuwi, lep teuleum terus nginum. Geus dieusian cai mah teu pati sebel, ngan teu lila beuteung jadi murilit mules. Sababaraha kali miceun nepi ka awak leuleus, angger teu cageur-cageur. Sieun kateterusan kuring mulang ka imah terus disarékeun.
Jam satengah lima soré, Ema ngageuingkeun nitah solat asar. Bérés solat, katingal Ema keur ulak-ilik lebah méja nu aya orson téa, siga aya nu ditéangan.
“Néangan naon, Ma?” kuring nanya.
”Minyak goréng na gelas, panaur ti Ceu Biah tadi isuk-isuk.”
Ngadéngé jawabanana na angen aya nu hayangeun kaluar, sabab yakin anu keur ditétéangan téh ayana dina beuteung kuring.***
Tina Manglé No. 2186
Dimuat dina Pangalaman | 2 Pairan »
Si Pelung
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 10, 2008
Sanajan geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung masih kénéh jagjag waringkas. Masih kénéh mampuh némbongkeun tagog dangong jago pinilih. Masih kénéh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari.
Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus, lamun aya nu nyarita, “Kuatan tah hayam. Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa.”
Tapi sok nalangsa, lamun nu nyarita cikénéh, aya nu ngéngklokan:
“Padahal lain turunan Bangkok, nya?!”
Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. ”Mémangna hayam pinunjul téh kudu turunan Bangkok baé? Ari turunan asli lemah cai kudu mélédré baé kitu?” Geuning ieu aing!”
Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang dipegarkeun, terus dikukut diistiméwakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar, dijadikeun pangbéla basa anak bungsu Ki Haji, Encép Umar disunatan dina umur lima taun. Ayeuna Encép Umar geus téréh lulus és-em-a. Sababaraha kali ampir unggal lebaran atawa usum hahajatan, Ambu Haji ngusulkeun sangkan Si Pelung dipeuncit. Ki Haji teu weléh ngahalangan.
”Butuh ku gawéna, tukang ngageuingkeun janari,” cenah. ”Néangan deui baé hayam séjén. Keun Si Pelung mah, ulah diharubiru. Kadahar sukur, atuh henteu teu nanaon, ari teu kapuluk mah.
Opat taun ka tukang, Haji Basari tilar dunya. Matak kagagas ku kasoléhan jeung kahadéanana. Getén tulatén, boh ka ingon-ingon boh ka pepelakan. Bari tara tinggal ti adab kasopanan. Handap asor, lain baé ka papada jelema. Ka sato jeung ka tutuwuhan ogé sarua. Ku Si Pelung mindeng kadéngé. Ki Haji ngawurukan putra atawa réncang, sangkan ulah wani-wani nyarékan komo bari laklak dasar – ka sato ingon-ingon.
”Ulah kawas kamari, hidep nyebut bangkawarah ka hayam anu bangor asup ka dapur. Malah ditambahan ku nyupata, lebokeun tétélo, tekukeun kerud, jeung sajabana. Teu meunang étah. Diharamkeun ku agama,” cék Haji Basari ka salah saurang putrana nu istri, nu mindeng pusing ari manggihan hayam riab ka dapur. Teu kalis ku digebah sakali, brul deui brul deui. Ma’lum hayam.
Tukang ibadah Ki Haji téh. Najan lubak-libuk luhur kuta gedé dunya, teu katongklokeun ngurus harta, kawas karéréanana nu baleunghar séjén.
Ngurus sawah cukup ngandelkeun panyawah atawa anakna nu geus bisa dipacikeuhkeun. Témpo panén, ukur ngaroris geus dikaluarkeun zakatna atawa acan. Ka dituna mah kumaha Ambu Haji saparaputra baé.
Ngan kana pepelakan salian ti paré, kayaning bungbuahan, palawija, sampeu, jagong, telik pisan ngimeutan téh. Bisi pindah teu kanyahoan kana pangawasa leungeun bandar tukang kemplang, méméh kapetik hasilna kaala buahna ku sorangan.
”Tara ngandung barokah, ladang tatanén anu dijual kemplangan mah, kadéngéeun pisan ku Si Pelung ti pipir, Ki Haji cacarita ka anak bojona.di tengah imah. ”Moal samata-mata agama ngaharamkeun, lamun teu matak mudarat jeung mamala, boh ka diri pribadi, boh ka balaréa..” Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 10 Pairan »
Wanci Pasini
Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 8, 2008
Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg pangadeg sémah nu datangna tumorojog tanpa larapan téh. Ngan ku sarérétan gé, nénjo sorot panonna, teu meunang henteu kuring kudu nyebutkeun: pikagimireun! Mémang kitu pisan, luyu jeung karepna pangna nepungan.
“Naha atuh bet teu ngiberan heula ti anggalna?” pok téh maksakeun nanya.
“Wah, tong disaruakeun jeung urusan dines kantoran atuh!” témbalna semu ngécé. “Jeung deui, ceuk saha teu ngiberan heula…!
“Sing ngarti baé lebah dinyana mah! Pan goréng-goréng ogé di dieu téh jelema aya kasebutna!”
“Na teu cukup ku galingging jeung panas tiris téh?” Teu dibongohan sabot leumpang gé untung, jalu!”
Padu tinggal padu omong, taya hartina deui pikeun wanci ieu mah. Wanci pasini nu geus dipastikeun. Tur salah kuring sorangan deuih, teu engeuh kitu kieu. Panyana harééng saeutik waé mah isuk pagéto gé cageur deui. Horéng ieu téh totondé.
“Teu meunang témpo deui, nyah?” kuring nu nyoba-nyoba nawar.
“Teu bisa! Kami mah lain tukang dagang, lain tukang nganjuk, lain tukang aras-urus nu waktuna bisa diulur-ulur!
“Na enya?” bari kerung kuring nginget-nginget ngaran sémah. Asa wawuh, tapi teu wanoh. Asa inget tapi poho pisan. Keur budak mah baheula sigana kungsi apal.
”Sok! Geus tepi kana dihin pinasti, kudrat iradat ti ajali. Dina menit ieu anjeun kudu pasrah pikeun dibawa mulang ka kalanggengan!”
Lek…dada ngahanju. Karasa nyentug ngadurudud. Nyeri alah batan ti nyeri. Hayang calawak, bororaah, teu bisa engab-engab acan. Kuring ukur bisa ngutruk teu puguh. Teu sopan! Teu tarapti! Telenges! Kejem! Taya rasrasan!
”Uuuuuh… Huh… Huh… panas halabhab!” Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Pidangan Carita Pondok, Uncategorized | 2 Pairan »































