Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan Agustus 2008

Tarawéh Lilikuran & Ulin Subuh

Dimuat ku bujanggamanik dina Agustus 30, 2008

Tarawéh lilikuran

Dina bulan puasa minggu kahiji mah masigit téh sok karasa heureutna. Anu tarawéh kolot-budak katut ibu-ibu sasat ngagebreg. Lamun seug ngukur kana kahusuan mah, anu karasa ku kuring harita, sasat jauhna gé tangéh boa. Enya, da geuning resepna téh semet marotah baé, tampolana kélu silih téngkas jeung silih suntrungkeun sagala. Atuh mokaha balik tarawéh téh maké jeung aya nu bencenong tarang sagala. Harianeun mun balik teu rawah-riwih ninggang ka budak awéwé mah.

Lebah balikna deuih nu resep téh, sok ngahaja tingsalingker di nu poék lebah dapuran cau. Barang barudak awéwé ngabrul ka lebah dinya, tangkal cau diendag-endag, atuh teu wudu tingjareritna. Malah aya kalana labuh karéngkas mukena. Kitu lengerna harita kuring keur budak.

Sanggeus meuntas saminggu, nu tarawéh ka masigit téh jadi coréngcang, tinggal bapa-bapa, ibu-ibu katut aki-aki baé. Tah, lamun geus coréngcang kitu, kuring sok sangeuk ka masigit, najan dikukuprak ku Ema ogé.

Minangka resepna deuih tarawéh téh upama geus nincak lilikuran, atuh masigit gé jadi ramé deui. Biasa wé kuring jeung babaturan mah ngadon marotah, silih berik silih suntrungkeun. Anu pangkeuheulna mah upama babaturan geus aya nu ngamimitian bekok colok, da ngantelkeunana kanjat antel kana irung.

Resep tarawéh tanggal lilikuran mah, sabab di masigit sok loba dahareun kayaning opak, wajit, ranginang, katut tumpeng. Pangeusi lembur bagilir nganteuran ka masigit, nya lumayan waé aya buruh capé tarawéh. Ngan édas, lantaran geus menda, jadi horéam saur téh.

___________________________________________________________________________________________________

Ulin subuh

Rérés saur, sabada salat subuh, kuring jeung babaturan sok ngahaja ngadon abring-abringan sapat tepi ka isuk-isuk. Ti dituna mah olahraga da maké sok aya nu acreug-acreugan lumpat. Abring-abringan subuh gé teu éléh resepna jeung ngabuburit.

Lain baé barudak horéng nu raresep ulin subuh téh, barudak rumaja jeung pamuda gé loba. Tampolana, anu katénjo, maké jeung arotél sagala, tug padahal cék Ema mah dipahing pisan kitu peta bulan puasa téh. Ari kuring onaman da masih lembut, tara tepi ka kitu mah. Enya, paling ogé lulumpatan bari éak-éakan. Orokaya, lantaran kamalinaan olahragana tepi ka sok jadi hanaang. Malah babaturan mah saking teu kaampeuh hanaangna, sadatangna ka imah téh culang-cileung, regot nginum citéh bari urut janari. Harianeun.

Tina Sambel Jaér, Karya Drs. Asep Ruhimat

Dimuat dina Bulan Puasa di Lembur | 11 Pairan »

Bulan Puasa di Lembur

Dimuat ku bujanggamanik dina Agustus 21, 2008

Ku Asép Ruhimat

Bulan puasa téh pohara dianti-antina, komo keur barudak di lembur mah. Atuh komo lebaran, weu, puseurna kabagjaan. Kitu deui anu kaalaman ku kuring harita mangsa keur budak, loba kalangenan bulan puasa anu matak waas, hésé dipopohokeunana. Bisa jadi keur barudak ayeuna mah bulan puasa téh taya bédana jeung bulan-bulan biasa.

Aya sawatara kabiasaan barudak lembur dina bulan puasa, nyanghareupan lebaran, jeung mangsana lebaran. Bisa jadi kiwari gé masih aya, tapi méh teu jadi hal anu istiméwa. Di antarana waé kuramas, ngabuburit, tarawéh tanggal lilikuran, abring-abringan subuh, nganteurkeun rantang, mecak baju anyar, jeung ngumpul-ngumpulkeun peresénan buruh tamat puasa. Geura urang dadarkeun.

Kuramas

    Bulan puasa téh baheula mah sakola ogé pakanci sabulan campleng. Atuh waktu sabulan téh tara ieuh dipaké diajar, paling ogé ngaji di madrasah. Ari mangsana munggah, piisukaneun puasa, ulin téh sok tara kebat. Da Ema ngomat-ngomatan, kadé poho kuramas, cenah.

    Lantaran inget kana cariosan Ema téa, atuh ulin téh tara jauh. Enya, paling gé milu ngalintar di balong, atawa milu néwakan lauk dina balong anu ngahaja dibedahkeun. Di lembur mah puguh wé obyag kacida munggah téh. Tah, mangsana lohor, kuring jeung babaturan sok terus kuramas, tampolana silih kasay ku daun calingcing. Kuramas téh geus maranti dina padasan atawa di balong Aki Lebé nu aya tajugan upama kabeneran teu dibedahkeun.

    Bulan puasa téh karasa naker istiméwana, sarung hapeuk gé sok ngahaja ku Ema diseuseuhan heula jang engké peuting tarawéh. Malah kungsi sakali mangsa kuring poho waktu mandi teu kuramas. Teu ngingetkeun tiris, harita kénéh, magrib-magrib ngahaja mandi deui. Wayahna cék Ema, pan énjing badé saum. Kuring unggeuk bari ngahodhod.

    __________________________________________________________________________________________________

    Ngabuburit

      Sanajan waktu mah angger, teu ngagancangan teu ngendoran, tapi ari keur puasa mah sok ngadak-ngadak asa lila. Seug komo upama mangrib diarep-arep bari ngajentul di imah, kabina-bina keselna. Beuki tambah ripuh puasa téh upama selengseng seungit pasakan anu jolna ti dapur. Tah upama kuring geus kusang-kaséngan, Ema sok ngajurung malar ngabuburit. Atawa, mun embung ingkah, Ema sok miwarang ngaganjel beuteung ku bantal bari nangkuban. Lumayan aya karasana, teu seueul teuing angen téh.

      Jaman kuring keur budak, di lembur, ngabuburit téh béda jeung budak ayeuna di kota. Enya, geuning barudak kota mah nu katénjo téh ngagimbung di tempat PS (playstation) atawa di tempat dingdong anu ilaharna ngahiji jeung bilyar. Tah, barudak lembur mah ngabuburit téh éstuning jarambah; ngurek, nawu kulah, morog manuk, tampolana ngadon ngondol hui. Enyaan teu karasa nyérélékna waktu téh. Ti lohor ka asar asa sakeudeung jeung teu karasa lapar deuih. Atuh geus karuhan ti asar ka magrib mah asa nyérélék pisan bubuhan sok terus ngaji ka madrasah.

      Tétéla kabiasaan ngabuburit téh karasa mangpaatna, da najan sakumaha resep ulin gé tara tepi ka kalalanjoan. Anu karasa ku kuring harita, Ema kacida setréngna dina urusan salat jeung ngaji mah (Hanca)

      Tina Sambel Jaér karya Drs. Asép Ruhimat

      Dimuat dina Bulan Puasa di Lembur | 13 Pairan »

      Sajak Dua Basa

      Dimuat ku bujanggamanik dina Agustus 7, 2008

      Dina Karéta Api Peuting
      (Usép Romli HM)

      Lilir di hiji tempat
      Teu katara lebah-lebahna di mana
      Poék peuting diranggeum pepedut
      Karéta terus nyebrut
      Téréh cunduk ka nu dijugjug?
      Atawa kebat
      Ka ahérat?

      In the Night Train

      Awake in my seat
      No sign of movement. Where are we
      Black night wrapped in mist
      Train speeds on
      To the destination?
      Or straight on
      To the Beyond?

      _ Baca tuluyan ieu tulisan »

      Dimuat dina Sakeclak Sajak | 2 Pairan »

      Paréntah Shalat Lima Waktu

      Dimuat ku bujanggamanik dina Agustus 5, 2008

      Ti dinya disarengan ku Jibril, Rasululloh SAW tunggang deui kana buraq. Teu kantos lami lirén deui di hiji tempat.

      “Ieu téh Baitul Maqdis, anu kantos diadegkeun ku Kangjeng Nabi Sulaéman,” saur Jibril ka Rasulullah.

      Di dinya mah Rasulullah SAW lirénna rada lami. Anjeunna netepan heula, disarengan ku paranabi anu nga’mum ka anjeunna. Di antarana aya Kangjeng Nabi Musa sareng Kangjeng Nabi Isa alaihis-salam. Malaikat Jibril gé ngiring nga’mum harita téh.

      Teu lami antarana sabada réngsé netepan, kana lebah batu Ya’kub anu aya di éta msjid, bet aya tarajé anu nanjeur dugi ka langit.

      “Mangga, salira geura mi’raj (naék) ka langit,” saur malaikat Jibril ka Rasulullah. Buraq mah ku anjeunna dikantunkeun baé di dinya. Barang sampéanana nécé kana éta tarajé, ngan sakilat salirana ngajaul ka luhur, ngapak méga ngabelesat meuntasan awang-awang. Jog anjog ka langit anu kahiji.

      “Haturan bagéa sumping, ya Nabi Allah,” cék hiji sora anu aya di dinya.

      “Haturan, salam kasalametan dihaturkeun ka salira,” waler Rasulullah. Di kénca katuhueun sora anu tadi téh mangpirang-pirang mahluk kumelip.

      “Saha anjeuna téh?” Rasulullah naros ka malaikat Jibril.

      ”Éta téh Kangjeng Nabi Adam, karuhunna umat manusa anu kumelendang di alam dunya,” waler Jibril.

      ”Dupi éta anu aya di kénca katuhueunana, saha?”

      ”Éta téh turunanana, sadayana ogé. Nu di palih kénca nyaéta nu jadi pangeusi naraka, nu mawi teu kirang-kirang anu tingjarerit careurik kaduhung baheula di dunyana kadungsang-dungsang teu puguh, henteu yakin kana bebeneran. Di naraka mah maranéhanana kantun narima hukumanana. Ari éta nu ngajajar di katuhueun Kangjeng Nabi Adam, éta mah pangeusi sawarga. Aranjeunna mah kapungkur di dunyana kalebet jalmi anu ariman, anu sabar sareng rido nampi sagala rupi papancén ti Allah SWT. Di sawargana, kantun nampi ganjaran sareng kani’matanana. Nu mawi, teu aya kasesah nanaon. Nu jadi pangeusi sawarga mah bakal tumaninah salalawasna.” Baca tuluyan ieu tulisan »

      Dimuat dina Tareh Rosululloh | 2 Pairan »