
Ku Asép Ruhimat
Tutug Oncom
Bubuhan kuring mah urang lembur, jadi sasarap gé teu jiga barudak di kota ayeuna. Atuh sakola ogé sakitu ngangkleung jauh bari jeung badarat, taya tutumpakan, kajaba balikna sakapeung sok kaparengkeun tarumpak roda sapi.
Rebun-rebun kénéh Ema geus namplokkeun sangu kana dulang, diakeul. Tah, mangsana sangu diakeul, tangtu nya panas nya ngebul. Katiténan sok dicampuran oncom beuleum beunang ngaréndos. Sambarana ogé teu bangga, ukur uyah, cikur, bawang beureum, jeung céngék sababaraha guluntung. Diréndos dina coét batu rada gedé disakaliguskeun jeung beuleum oncom téa. Saterusna mah nya digalokeun kana sangu dina dulang atawa dina boboko. Tah, kaolahan jiga kitu téh disebutna tutug oncom.
Mun kira aya kénéh waktu, nya sasarap heula di imah. Tapi, mun rada elat sarta bakal kabeurangan, tutug oncom téh sok dibungkus wé ku daun cau, didahar bari leumpang di jalan. Diambéng téa ngaranna téh. Ngan rokaya ninggang leumpang lebah galengan, tampolana sok tigedebut labuh bubuhan tara pati nénjo tincakeun.
Pencok Hiris
Aya deui kaolahan anu ngeunah didahar tengah poé téh. Atuh diréndonkeun jeung sangu poé ogé teu masalah deuih, nyaéta pencok hiris.
Nyieunna teu hésé deuih. Hiris gé di lembur mah teu saeutik anu ngahaja melak, kaasup di pipir imah kuring. Bubuhan kasebut budak lembur, tara ieuh suda kana barang dahar, sakur nu dijagragkeun ku Ema sok dideluk wé da puguh ngeunah.
Cara nyieunna, teu hésé, hiris diréndos jeung sambara kayaning uyah, tasasi, asem, céngék, cikur, jeung gula. Méh sarua jeung pencok kacang panjang, jadi sing karasa haneut cikurna.
Ari ngadaharna, tangtu baé dicocol atawa langsung digalokeun jeung sangu. Puguh wé ngeunah jeung seger.
Tina Sambel Jaér, Karya Asep Ruhimat