Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan Méi 2008

Jin Ngabandungan Eusi Qur’an

Dimuat ku bujanggamanik dina Méi 31, 2008

Satemenna, lamun téa mah Rasulullahna ku anjeun keresa, anjeunna diwidian pikeun males kanyeri ka Bani Tsaqif anu di Tha’if anu sakitu judesna. Allh SWT ogé parantos nibankeun paréntah ka malaikat Jibril sangkan nyumpingan Kangjeng Nabi ngadugikeun sual éta. Ari kituna mah atuda sikep urang Tha’if téh geus leuwih ti misti, neungteuinganan Rasulullah sakitu nistana.

Angkatna di Thaif téh anjeunna éstu baluweng. Manahna ngaraos ngangres, dugi ka dina salebeting mapah téh anjeunna henteu tarapti niténan kaayaan di sakurilingeunana. Terang-terang anjeunna tos dugi ka lebah Qamuts-Tsa’alib. Nya anjeunna lirén heula di dinya, hoyong ngareureuhkeun capé. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Tareh Rosululloh | Tag: | 2 Pairan »

Si Kabayan

Dimuat ku bujanggamanik dina Méi 28, 2008

ku Ajip Rosidi

Saha urang Sunda anu henteu terang ka Si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten béjana aya makam anu disebut makam Si Kabayan. Wallahu’alam naha enya anu dikubur di dinya téh anu sok jadi tokoh dongéng téa, atawa si Kabayan nu séjén deui.

Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nu nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil kétang sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahkan atawa diréka-réka ku ahli carita. Enya henteuna kitu tanwandé kudu dipaluruh heula sacara ilmiah.

Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna Si Kabayan teu béak-béak. Bari jeung lamun dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsistén. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu héran lamun Utuy T. Sontani (1920-1979) dina taun 1957 nyebutkeun yén si Kabayan téh manusa anu geus teu nanaon ku nanaon. Maksudna manusa anu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk Utuy mah si Kabayan téh manusa anu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul. Tapi dina dramana anu ditulis ku Utuy dina basa Indonésia nu judulna Si Kabayan (1959), digambarkeun si Kabayan téh jadi dukun nu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah ngaheureuykeun jalma-jalma anu daratang marénta tulung ka inyana. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 2 Pairan »

Satria

Dimuat ku bujanggamanik dina Méi 18, 2008

Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih.

Beurang peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.

Tadina mah sato-sato nu séjén téh mani gigis sarieuneun, euweuh nu wani deukeut-deukeut acan ngadéngé gaur maung téh. Tapi barang geus kanyarahoan mah, yén éta maung keur sakarat, rob waé padangaronom, padanarempo, malah padanalokéran sagala.

“Euleuh kutan kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” Omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.

“Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong maké pepeleyéan!” ceuk munding, bari jekuk waé digadil ku tandukna.

Rupa-rupa tingkahna sasatoan téh, pada-pada hayang mulangkeun kanyeri, hayang némbongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleng baé téh. Teu lémék téu nyarék. Gawéna ngan gogodeg baé ti kaanggangan.

“Na Sakadang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mangkluk?” ceuk peucang.

Kuda maléngos bari cumalimba, “Kadongdora wani ogé ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing ulah dipaparin tékad hayang nganiaya ka nu lian. Sumawonna ka nu taya tangan pangawasa geusan ngalawan mah!”

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.

Dimuat dina Dongeng | Leave a Comment »

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Dimuat ku bujanggamanik dina Méi 18, 2008

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.

Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.

Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.

Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.

“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.

Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.

Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.

“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”

Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”

Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.

“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.

Si Kabayan kacida atoheunana.

Dimuat dina Carita Si Kabayan | 14 Pairan »

Iqra

Dimuat ku bujanggamanik dina Méi 4, 2008

Muhammad sok mindeng ngahuleng, teu ngarti ngabandungan kalakuan urang Mekah harita. Loba pisan kabiasaanana anu matak teu panuju.

Geura wé, ongkoh Ka’bah téh dianggap tempat suci. Tapi di jerona pinuh ku rupa-rupa arca anu dianggap berhala. Éta barang-barang anu dijieun tina kai atawa tina batu téh diparuja. Majar téh bisa nulungan, bisa ngubaran anu gering malah nepi ka bisa ngadatangkeun rejeki sagala rupa.

Mun sakalina aya maksud, jalma-jalma téh daratang ka dinya bari marawa sasajén. Bru ditumpukkeun di hareupeun arca téa, bari saterusna mah diantep baé sina buruk.

Ti barang mimiti déwasa Muhammad sok mindeng tumanya ka dirina sorangan, naon sababna pangna kaayaan di sakurilingeunana bet kitu.

Komo kana kabiasaan ngubur orok awéwé hirup-hirup mah, lain baé teu ngarti, tapi kacida teu panujuna. Orok salucu-lucu kudu dikubur ngan pédah éta téh awéwé. Na asa telenges kabina-bina teuing.

Sasatna mah Muhammad geus geregeteun hayang nyarék. Ulah kitu, da éta téh lain kalakuan anu hadé. Tapi teu nyaho kumaha carana. Mangkaning apan anu mingpin upacara-upacara sarupa kitu téh kekentong kota Mekah. Kangaranan jalma anu dipikasérab jeung dipikolot ku saréréa, tangtu waé bakal hésé ngadéngé kana pamanggih batur. Komo deui mun éta pamanggih téh datangna ti budak ngora pantar Muhammad. Salian ti teu bisa maca téh, apan geus yatim deuih. Ngarasa sok mindeng bingung sorangan ngabandungan kaayaan di sakurilingeunana, bari jeung teu nyaho kudu kumaha, Muhammad jadi beuki resep nyorangan. Komo lamun keur dina kaayaan peuting mah. Bari nyawang béntang nu baranang di langit, lamunanana sok mindeng diantep sina ngacacang ka mana mendi. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Tareh Rosululloh | Tag: | 3 Pairan »