Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Ciung Wanara

Posted by bujanggamanik dina April 28, 2008

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.

Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.

Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Tina Pangajran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.

About these ads

13 Balesan to “Ciung Wanara”

  1. Roban pok

    Berarti ngadu hayam teh kalebet adat budaya oge nya Teh? Margi tos aya ti baheulana!

  2. pribumi pok

    Muhun, adat budaya nu negatifna rupina. Sanes picontoeun ceuk pamendak sim kuring mah.

  3. pribumi pok

    Sumuhun.

  4. Tumaros, dupi Karajaan Galuh teh lokasina nu ayeuna janten Ciamis, Tasik?
    Hatur nuhun.

  5. nety pok

    teh..eta Tebet teh tempat abdi nuju smp ngabuburit.
    komo ari botram di patimuan…
    ngan sok ngaraos keueng…maklum seur tatangkalan anu jarangkung

  6. Rian pok

    Punten Sadayana

    Dupi bapak ibu,akang eteh aya nu terang teu, dimana sareng kumaha eta prabu ciung wanara teh pupusna?

    Hatur Nuhun sateuacana

  7. irma pok

    ciung wanara teh tmpatnyaa sapertos kebon raya nya ?

  8. Pribumi pok

    Waleran kanggo sdrk Rian: Dina “Sejarah J awa Barat” karya Drs. Yoseph Iskandar, ditetelakeun, Ciung Wanara teh nami samaran Sang Manarah. Anjeunna ngawasa Galuh taun 739-783 M. Anjeunna pupus taun 798 M dina yuswa 80 taun.

  9. muhammad farhan alfa salam pok

    nuhun nya kanggo carpon na pikaseurieun

  10. rame oge ,,, ieu oge kanggo tugas :)

  11. Thanks for sharing such a fastidious thought, paragraph is pleasant, thats
    why i have read it completely

  12. At this time it looks like Movable Type is the best blogging platform available right now.
    (from what I’ve read) Is that what you are using on your blog?

  13. Linda pok

    ieu contoh dongeng Sage tanapi snes ?

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: