Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 28, 2008

kera.jpgIsuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.

“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?”

“Ah keur kieu wé, keur moyan.”

“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”kuya.jpg

“Di mana?”

“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”

“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”

“Nyaan moal gandéng?”

“Moal, nyaan moal gandéng.”

“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”

Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.

Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.

cabe.jpg“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.

“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”

Sakadang Monyét henteu ngawaro.

“Seuhah lata-lata!”

“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.

“Seuhah lata-lata!”

Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.

“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.

Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.

“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.

“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.

Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.

Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.

“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.

“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”

“Kabungah naon Sakadang Kuya?”

“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”

“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”

“Enya.”

”Nu bener Sakadang Kuya?”

“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”

“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.

“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.

“Tukeur tempat kumaha?”

“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”

“Ah, embung.”

“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”

“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”

Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.

“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Naon saratna?”

“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”

“Enya, énténg atuh kitu mah.”

Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.

Kocapkeun isukna.

“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.

“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”

“Itu urang meuncit kuya di pipir.”

Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.

Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.

“Bapa! Bapa!”

“Aya naon, Nyai?”

“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”

“Naon Nyai?”

“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”

Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.

“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”

“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.

Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.

 

 

(Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsah, spk.)

17 Balesan pikeun “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé”

  1. Roban pok

    Hatur nuhun Teh!

  2. teh nety pok

    hahahhahahaha..aduh teteh sae pisan..
    emut nuju alit..ari bade bobo sok di dongegan sakadang kuya.
    hatur nuhun teteh

  3. jang opan pok

    Ass.wr. wb.

    emut kapungkur nuju samenan sd naek ka kelas …. 4 (kitu?). sim kuring dina drama jadi monyetna dikurungan ku patani ku kurung hayam…pas ditangkep ku patani, papaehan alias pura-pura paeh. tapi teu alungkeun … ngan ngagajelng wungkul,lumpat ka jero leuweung (turun ti panggung)

  4. Cep Rio pok

    duuuhhhh, meni sae Teh, sono pisan ka carita sakadang kuya sareng sakadang monyet
    mung nu abdi terang mah sakadang monyetna maot dipencit ku Bapa Tani na
    aya deui teu teh caritana????
    sono nuju alit sim kuring teh :-)

  5. pribumi pok

    Hatur nuhun kana komnetar Cep Rio. Insya Allah upami aya waktos engke ku abdi dipilari deui carios Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet nu sanesna.

  6. lheway pok

    hatur nuhun bu ,kana cerita sakadang kuya sareng monyet.asa tos lami teu aya carita kawas kieu teh.
    di antos carita-carita nu lainna.nuhun

  7. Pribumi pok

    Sawangsulna. Hatur nuhun oge kana kasumpinganana, Lheway.

  8. euleuh2 geuningan sae bikin deui atuh ameh abdi resep nuhun nya ku abdi di antos carita2 nu lain2na,sumuhun hatur nuhun

  9. Pribumi pok

    Insya Allah upami tos teu sibuk urang posting deui carios nu sanesna. Nuhun kana kasumpingan saderek Indra, diantos saran salajengna.

  10. Aang Zaeni pok

    jos lah carita na alus pisan…ending na alus dikira teh bakal dipaehan eta sikuya…eh ternyata dan ternyata….

    nuhun sok atuh ditambih deiu caritana.

  11. Alfan pok

    Hatur nuhun kana caritana, lamun bisa mah ditambihan deui nya, abdi bade maca caritana deui, . . .

  12. Pribumi pok

    Insya Allah upami aya waktos ku sim kuring bade ditambihan deui. Nuhun kana kasumpingan sareng komentarna.

  13. Mang Ajid pok

    Teh, dupi dongeng manuk nu nyaranyi di leuweung ( hilap deui judulna ) tos pernah diposting?
    Nu kieu geuning…sangirik-irik…kijing…
    dan seterusnya.
    Pami teu acan, reques nya ?

  14. Pribumi pok

    Aduh teu acan, Yi, margi teu gaduh dongengna ge. Ke atuh nya urang pilarian heula.

  15. Mang Ajid pok

    Hatur nuhun teh sateuacana.
    Pami nuju salse simkuring sok ngadongeng ka pun anak sareng alo-alo nu aralit keneh.

  16. Anzu_Ohz Killerz pok

    AYA” WAE NYA SI MONYET TEHHHHHHHHHH!!!!
    SOK REK NGABACOD HEULA ETA KABEH SATO……:) :P

  17. Iman pok

    Hatur nuhun!

Tinggalkeun Balesan

XHTML: Anjeun bisa ngagunakeun ieu tag: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <pre> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>