Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan Maret 2008

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 28, 2008

kera.jpgIsuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.

“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?”

“Ah keur kieu wé, keur moyan.”

“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”kuya.jpg

“Di mana?”

“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”

“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”

“Nyaan moal gandéng?”

“Moal, nyaan moal gandéng.”

“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”

Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.

Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.

cabe.jpg“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.

“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”

Sakadang Monyét henteu ngawaro.

“Seuhah lata-lata!”

“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.

“Seuhah lata-lata!” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 16 Pairan »

Sympathy for The Devil

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 24, 2008

devil.jpgKarya Godi Suwarna

Kuring mindeng ngamprokkeun para rumaja jeung warna-warni cahaya

sangkan peteng teu kasawang sanajan ngadingding waja. Musik kuring

ngabebela ngahuru sukma saban fans sangkan hirup ngagegedur

saméméh diregot maot. Mangjuta-juta rumaja tingting aranteng

nyangking Budha stick pangjajap sakur impian maruru nirwana fana.

Kuring mindeng ngaharéwos kana batin parapulitisi nagri sangkan silih

rewég jantung jeung sasama abdi nagri nu ragot parebut korsi. Kapan

kuring nu geus lawas ngahéjokeun mata cukong lebah ngileng

kongkalikong sangkan walatra babagi ka parapatinggi bumi. Kuring,

kuring kungsi ngancik na geleger Hitler nu ngarujad-rujad Yahudi sarta

ngeundeuk-ngeundeuk jagat. Basa dunya ngabangingik sabada Martin

Luther King, kuring ngangkat gelas champagne marengan ihwan Ku

Klux Klan. Kuring lahir lawas saméméh Jesus Christ melak asih dina

saban sanubari. Lucifer kakasih kuring. Gampang naker lamun anjeun

hayang patepung jeung kuring. Iraha?

 

(1992)

Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »

Blués Kéré Lauk

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 24, 2008

images.jpgKarya Godi Suwarna

 

Dipentrang dimentrang-mentring, di sahara nadah salikur srangéngé, dina dada teu kasampak cikaracak. “Raga! Raga geuning bet teu walakaya najan can ditilar sukma!” Tina tapak jarum morphin tinggarajag getih sagibleg-sagibleg jadi saab ngempur beureum mulas langit. “Bulan kuring! Na di mana bulan kuring?” Panonpoé nu salikur gumuruh jeroning tarang. Panon keri da puguh cimata garing tina beungeut nu rarengatsauratna, sauratna. Bet karasa beurang téh bangun rék langgeng dageuning ieu jarum jam ngarandeg jero genggerong. “Purnama kuring di mana?”

 

(1992)

Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »

Opat Onta

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 22, 2008

normal_muhammad.jpgSapopoé pacabakan Muhammad anu matuh téh ngangon domba. Boh domba kukutan kulawarga boh buburuh mangangonkeun nu batur. Buruhna tina ngangon téh diarep-arep pisan ku Abu Thalib. Lantaran, najan pamanna téh nyaaheun pisan, tapi da kahirupan sapopoéna beunang disebutkeun walurat. Keur ngurus budakna anu sababaraha urang gé jajauheun kana cukup.

Éta sababna, basa Abu Thalib ngadéngé béja pajar Khadijah muruh-muruhkeun ngiangkeun daganganana ka Syam ka nu séjén, ku manéhna buru-buru ditepungan.

Khadijah téh harita geus hirup nyorangan. Sabada ditinggalkeun maot ku salakina, siga nu teu aya niat hayang carogéan deui. Tapi ari kana usaha mah kalah beuki suhud. Geus mayeng sok ngiang-ngiangkeun dagangan ka nagara Syam. Kawantu pangawak awéwé, atuh teu bisa jung sorangan. Carana sok muruhkeun ka nu séjén. Kawantu daganganana lain saeutik, tangtu wé kudu dipasrahkeun ka anu bisa dipercaya. Minangka buruhna, sok dibayar ku dua onta. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Tareh Rosululloh | 1 Pairan »

Abu Thalib

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 19, 2008

muhammad.jpgAbu Thalib merhatikeun Muhammad salila-lila. Haténa ngarasa ngangres. Budak leutik, karék umur dalapan taun, geus teu boga indung-bapa. Malah cikénéh akina, Abdul Muthalib, anu salila ieu ngarorokna, tilar dunya deuih.

Dina batinna, Abu Thalib nyoréang deui kana kajadian ka tukang-tukang. Muhammad keur dina kandungan kénéh basa bapana, Abdullah, maot dina perjalanan sabada miang jeung kafilahna ka Syria.

Abdullah téh ngora kénéh. Basa kawin ka Aminah umurna karék 24 taun. Sanajan aya kénéh lanceukna pada-pada lalaki, tetep Abdul Muthalib nyaaheun pisan ka Abdullah téh. Nu matak meunang ngahaja, dijodokeunana gé ka Aminah, lantaran opat turunan jelema hadé. Keur ti bubudakna ogé Abdullah geus getol kana gawé. Atuh komo deui basa geus ngarangkep ka Aminah. Nu matak basa ku bapana dijurungkeun sina dagang ka Syria téh, haget naker indit.
Jaman harita, lalampahan ti Mekah ka Syria téh disorang mulan-malén. Lantaran kafilah anu biasana diwangun ku rombongan onta téh kudu nyorang sagara keusik anu sakitu banggana. Balik ti Syria, kafilah téh nyimpang heula ka Yastrib. Malah Abdullah ngahaja nepungan heula dulur-dulurna lantaran Abdul Muthalib téh terah ti dinya. Tapi sigana mah awahing ku capé tas indit sakitu jauhna, di Yastrib kalah brek gering. Basa rombongan arék neruskeun lalampahan balik ka Mekah, Abdullah masih kénéh ngajoprak. Tungtungna nya ditinggalkeun baé, sina jagjag heula. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Tareh Rosululloh | Leave a Comment »

Susumputan Beling

Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 1, 2008

main-tanah.jpgHandapeun tangkal balingbing, Ujang jeung Nyai keur susumputan beling, mani anteng. Ayeuna bagéan Ujang anu nyumputkeun belingna. Nyai dititah malik ka ditu bari kudu meungpeunan beugeut supaya ulah bisa ngalelebah di mana beling Ujang disumputkeunana. Katémbong Ujang cukal-cokél bari rét deui rét deui ka Nyai, bisi ngalieuk atawa bisi mélétét maling-maling nyerangkeun Ujang. Ari Nyai pok deui pok deui nanyakeun enggeus atawa acanna.

“Teu acan,” walon Ujang, “Ké heula, ké, ké, …”

Hayang buni pisan jigana Ujang nyumputkeun beling téh, da mani rada lila kusay-kuseyna ogé. Nyai mah bangun keselen deui.

“Énggal atuh, Ujang!” cék Nyai bangun teu sabar.

“ké heula!” Ujang nyentak bari kerung. Ngajawab kitu téh bari nyeselkeun beling kana handapeun akar balingbing, sabada tadi ku Ujang diruang dina sisi kalang beulah kalér, tapi diludang deui lantaran tayohna baé Ujang ngarasa kurang buni nyumputkeunana.

“Teu kaci lami teuing mah, teu kaci,” cék Nyai.

“Ké heula. Nyai ogé tadi lami,” Ujang kalah ngahualkeun.

“Licik Ujang mah!”

“Sok atuh,” cék Ujang. Kawasna baé Ujang embung ari disebut licik mah.

Sanggeus kitu Ujang ngagesekeun taneuh jeroeun kalang susumputan beling supaya lita, disaksian ku Nyai nu geus mimiti neges-neges jeung nyoba-nyoba neguh di lebah mana nyempilna bubuk beling Ujang. Salawasna Nyai ngawas-ngawas robahna beungeut Ujang nu terus ngagesek taneuh, lir nu keur ngaji kereteg ati Ujang. Sugan baé bisa ngabokér rusiah Ujang ku maca beungeutna—upama leungeun Nyai ngaragamang kana lebah beling nu disumputkeun téa, beungeut Ujang bakal robah semu, beureum atawa api-api.

Tapi Ujang teu éléh géléng, teu éléh taktik. Bari kakawihan “pahérang-hérang gobang”, Ujang katémbongna téh mereketkeun manéh sangkan teu ruak-riuk beungeut. Upama karasa rada teu kuat, tapi sieun katohyan, gancang Ujang ngabedaskeun kakawihanana.

Ujang, Nyai, anaking. Sajeroning nyaksian hidep keur susumputan beling kitu, Apa bet inget kana kalakuan Apa sorangan. Rét ka Nyai anu terus cukal-cokél néangan bubuk beling nu disumputkeun, Apa inget kana kabiasaan Emah.

Apa nu sok mindeng nyumputkeun duit dina lipet-lipet kopéah, dina sarangka bedog, dina tungtung sapatu atawa dina sela-sela buku supaya ulah kanyahoan ku Emah—meureun lir Ujang nu nyumputkeun bubuk beling dina handapeun akar balingbing. Ari Emah nu biasa gawéna téh ngan kurah-koréh sugan manggihan peperenian Apa, persis lir Nyai anu terus cukal-cokél néangan bubuk beling nu ku Ujang disumputkeun.

Sihoréng Ujang, Nyai, di jero imah téh pinuh ku tempat susumputan duit atawa susumputan sagala rupa rusiah Apa—disumput-sumput sangkan Emah ulah nyahoeun.

Basa Nyai bisa manggihan bubuk beling nu Ujang, Nyai surak, Ujang ngahéhéh seuri konéng. Kitu tah saperti Emah nu atoh manggihan duit Apa nu disumputkeun dina jero kendi kamari, Nyai téh. Ari Ujang teu béda ti Apa nu kapaksa angkat tangan ka Emah, hahah-héhéh teu bisa majar kumaha.

“Si Bedus téh!” cék dina haté mah, “Éta ku kapanggih baé ….”

Tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana.

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 5 Pairan »