Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan Pébruari 2008

Si Kabayan Ngala Tutut

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 26, 2008

gambar-21.jpgCék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda.

Dimuat dina Carita Si Kabayan | 3 Pairan »

Talaga Bagendit

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 26, 2008

talaga.jpgDi wewengkon Garut aya talaga nu ngaranna kawentar ka mana-mana, nya éta Talaga Bagendit. Kacida kajojona téh. Saban poé Ahad tawa poé pakanci raména téh luar biasa. Ti nu deukeut ti nu jauh jelema téh mungguh merul nu rék ngadon sukan-sukan, babakuna lalayaran.

Cék sasakala mah, cék dongéng nu sok didongéngkeun deui, éta Talaga Bagendit asal muasalna kieu:

Baheula, geus rébuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit téh mémang jalma nunggul pinang, geus teu kadang teu warga, hirupna téh éstuning nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lian, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Kacaturkeun keur usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit gé réa nu gacong. Ari saréngsé dibuat jeung sanggeus paréna di ka leuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap geus bérés bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyéklék-nyéklékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeung, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomongna kitu téh bari kasaksian ku sakur nu aya di dinya.

Saréngséna, nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Caah! Caah! Cenah.

Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang rék kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu témbong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna disebut Talaga Bagendit téa.

 

Tina Lima Abad sastra Sunda

Dimuat dina Dongéng Sasakala | 1 Pairan »

Majar Kuring Gélo

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 15, 2008

karikatur_erdogan_kopftuchstreit.jpgKu Ki Umbara

Pédah kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan, barudak awéwé lalaki ramé aréak-éakan salusurakan, sawaréh patingcorowok: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!” Ari kolot-kolot nu ngarégrég ti kajauhan, teu kendat garogodeg bangun nu haréraneun pisan. Malah nu narangtungna rada dareukeut mah, kadéngé alistigfar nyarebut jenengan Alloh.

“Emh, deudeuh. Karunya teuing ngora-ngora tur kasép, ari taeun bet kurang saeundan.” Ceuk Bi Aning nu nangtung teu jauh, bari ngusapan dadana. Tapi kurimg teu paduli, mangsa bodo, kuring teu rék ambil pusing: rék disarbut gélo – rék disarebut kurang saaeundan . Da kuring pribadi mah ni’mat pisan igel-igelan jeung tetembangan téh. Padahal maranéhna ogé mun manggih kabungah jeung kani’matan téh, réa nu sok réréngkénékan jeung hahariringan; tapi tara disarebut gélo, komo maké disarurakan mah. Naha, naon bédana jeung kuring, pada sarua mahluk Pangéran? Moal gana-gana kuring igel-igelan jeung tetembangan, mun teu manggih kabungah jeung kani’matan paparin Pangéran. Ku lantaran kitu kuring teu paduli, kuring terus-terusan ngigel jeung ceuceuleuweungan:

 

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 4 Pairan »

Déhém

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 8, 2008

gunung.jpgKu Wahyu Wibisana

Dua pasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku manéhna. Di langit, bulan teuing di mana, sarta béntang-béntang nyarusup kana méga kulawu. Gaang geus areureun ngéangna ditéma ku sora caricangkas jeung bueuk kukueukan kawas nu méré wirahma kana léngkahna. Oborna geus béak minyak, tapi haténa-anéh-bet teu ngarasa salempang atawa hariwang.

Kawas aya gaganti obor nu leuwih ti obor. Nu bisa tetep ngareugreugkeun haténa. Ninggang kana sisindiran “Gorék-gorék manuk tuweuw, disada dina taweuran…”

Tapi ngan sakeudeung manéhna boga pikiran kitu téh, gancang disalingkerkeun dina kelir lelembutanana. Tuluy nginget-nginget pamajikanana nu harita tangtu keur ngadagoan. Geus sabroleun.

Manéhna keur meujeuhna gedé duriat ka pamajikanana téh.bisa jadi ku perbawana rék boga anak . Apan cenah, anak téh talining-duriat-sosoca rumah tangga. Ieu deui mani dagdag-dégdég pisan waktu pamajikanana nyarita yén beuteungna geus karasa téh. Gancang sadia obor da harita geus reupreupan, kencling néang paraji mani satengah lumpat. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 3 Pairan »

Kawung Ratu

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 8, 2008

aren.jpgKu Wahyu Wibisana

Di sadésa Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjuuhna téh. Lain si sombong, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi gé. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapi lahangna kos nu atah raru, sok haseum baé.

Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus pérak mah sapoéna éta kawung téh bisa méré, teu hésé-hésé. Lakar daék baé ngaropéana.

Ku Aki éta kawung dibéré ngaran peringetan ka Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat. Minangka pangéling-ngéling ka anjeunna, disebut waé Kawung Ratu.

Riwayatna mah kieu éta téh: Baheula, waktu Aki ngora kénéh, can jaman merdéka harita téh, éta kawung jeunah kénéh, can diropéa. Ari carulukna mah geus aya, ngan leungeunna can nongtot.

Harita Aki boga deui kawung tilu, nu jadi di sisi walungan Cilonggan. Nu éta mah geus lila bisa disadapna, ngan teu pati matut.

Saban Aki rék nagenkeun lodong kana kawung nu tilu téa, Aki ngarandeg heula di handapeun tangkal kawung jeunah. Da enya, éstu jadi angen-angen pisan, sangkan éta kawung bisa méré pakasaban anu lumayan. Ku Aki sok diajak nyarita kieu: ”Hé Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi jalan liliwatan, geura pintonkeun panangan salira, mancer geutah madu tina réma salira….

Teuing kalah ku mindeng, teuing mémang geus waktuna, leungeun éta kawung téh teu lila nongtot. Ari geus nongtot bet jadi bingung Aki téh, sok sieun salah nyigayanana. Da éta kawung téh pelak Aki jaman budak. Poho deui karuh, nyanghareup ka mana waktu Aki melak éta kawung, asa ngalér asa ngidul. Apan sok pundung mun salah nyigayanaa mah. Jadi nyigayanana kudu lebah tempat melakna. Upama teu kitu, hamo. Lain omong bebenjon ieu téh, enya, sidik, nurutkeun pangalaman Aki kitu soténan. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 1 Pairan »

Dalem Boncél

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 6, 2008

dalem.jpgBagian ka-9

Dina hiji poé Dalem Boncél katarajang kasakit ateul sakujur salirana. Tadina mah dianggap ateul biasa baé, tapi lila-lila kanyataan taya obat anu matih. Dukun lepus paraji sakti kabéh dikumpulkeun, tapi jampé jeung ubarna taya nu mental. Malah kasakitna beuki parna.

Lantaran éta kasakit , Dalem Boncél pohara sangsarana. Calik teu raos, ngadeg ogé teu raos. Pananganana gégétrét terus. Sakapeung nepi ka lali maké pakéan. Boh beurang boh peuting méh teu tiasa kulem. Socana baléér beureum jeung ngucur caian baé. Salirana anu langsip téh beuki langsip baé. Anjeunna teu weléh rumahuh. “Moal salah ieu kasakit téh lantaran doraka!”

Beuki lila kasakitna geus méh teu katahan deui. Rahuhna, “Lamun kieu baé, aing bisa gélo. Duh Ma, Bapa …hapunten putra!”

Ayeuna anjeunna geus gilig rék ka Kandangwesi, rék nyuuh ka pangkonan ibu ramana, rék nyuhunkeun ampun.

Atuh gancang diayakeun sasadiaan. Ponggawa-ponggawa anu kudu ngiring, ditangtukeun. Kuda-kuda, boh kuda tunggang boh kuda umbal dijagragkeun. Pakéan anu aralus keur ibu-ramana disadiakeun. Nya kitu deui kadaharan-kadaharan nu ngrareunah, boh keur bekel di jalan boh keur oléh-oléh ka ditu.

Dina poé nu hadé, rombongan Dalem Boncél téh barangkat. Dalem mah lantaran teu damang… ditandu. Diiring ku ponggwa-ponggawa tarumpak kuda. Sababaraha kuda umbal pinuh ku muatan. Ti Caringin di Banten ka lembur Kandangwesi di Garut kidul téh, lalampahan jauh pisan ….

Anjog ka Kandangwesi rombongan téh langsung ngajugjug ka imah Ma jeung Pa Boncél baé. Tapi, naon nu katingali ku Dalem Boncél? … Imah sepuhna ngan tinggal urutna baé, malah geus jadi kebon eurih sadedeg-sadedeg.

Ti urut tatangga-tatanggana, Dalem kénging katerangan yén Ma jeung Pa Boncél samulangna ti tas néangan anakna téh … garering. Teu lila tuluy maraot, méh bareng.

Ngadangu béja kitu, Dalem Boncél ngajerit … les kapiuhan. Sanggeus émut deui, anjeunna lumpat bari gégétrét ngajugjug pajaratan Ma jeung Pa Boncél, gabrug ngarangkul tutunggul ibu ramana, tuluy nyuuh kana tutunggul ibuna …. Ngagukguk nangis kanyenyerian, bari nyambat-nyambat ibu ramana nyuhunkeun dihapunten…

Salira Dalem Boncél ahirna pinuh ku késrék dugi ka pupusna. *** Tamat.

Tina Dalem Boncél, karya Ki Umbara

Dimuat dina Carita Nyambung | 9 Pairan »

Bohong

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 6, 2008

3jpg.jpgKu Wahyu Wibisana

Peuting tadi Apa ngadongéng ka Ujang jeung Nyai—dongéng rakit nu ditumpakan ku imah urang, ngangkleung di sagara ombak-ombakan. Dina éta rakit téh kacaritakeun aya Ujang, Nyai, Emah, jeung Apa.

Mimitina mah pangangguran Apa ngadongéng rakit téh, tapi dina peuting-peuting saterusna hidep duaan keukeuh nanyakeun baé tuluyna. Kapaksa Apa ngarang sabulang- béntor, tapi bari usaha sangkan tetep dongéngna dipikaresep ku Ujang jeung Nyai. Kungsi dilalakonkeun, yén rakit téh geus balabuh di pulo Karimun Jawa, di pulo Unrus, di pulo Panjang, di pulo Rakata, jeung di pulo Panaitan. Ari peuting tadi kacaritakeun balabuh di pulo Énggano. Ujang jeung Nyai sareuri ngadéngé ngaran pulo kitu téh. Ngarasa anéh meureun. Jeung maké nanyakeun: Naha di Pulo Énggano téh aya Mang Ano—pédah ngaranna méh sarua jigana.

Kocap di Énggano téh aya walungan nu caina sirop sarta di béh girangna aya gunung bolu. Ujang jeung Nyai galumbira, lantaran bisa nyirop jeung nyewolan bolu sawaregna, sanajan ngan ukur dina dongéng.

Bari kumétap Ujang ngémbohan, majar dina walungan sirop téh aya cangkaléngan, bukurna. Nyai gé teu tinggaleun, milu nambahan, majar dina gunung bolu téa seueur siki jambu médéan—raos, kitu cék Nyai téh.

Pohara bungahna haté, Apa, duméh hidep duaan kabuktian boga daya cipta nu hirup—bisa nambahan dongéng bohong Apa ku bohong séjénna nu leuwih jauh, tapi nu leuwih saluyu jeung kahayang hidep. Kawas nu geus silih pikasurti, yén urang téh keur pada ngabudalkeun gerentes haté nu eusina wadul wungkul. Urang téh geus silih bohongan nu mawa kani’matan haté masing-masing.

Sajeroning kitu, Apa inget kana kabiasaan di masarakat kiwari—kabiasaan anu kapaksa dibiasakeun—nya éta kabiasaan nyampurnakeun bohong batur ku bohong nu lian. Upama cék Ki Silah cabé téh amis, kabéh nyaho yén éta téh bohong. Tapi, kelu aya nu nambahan, yén éta cabé nu amis téh mani kareueut. Ditémbalan deui ku Ki Bintinu, majar cabé nu amis kareueut téh bisa dipaké ngolek. Ti dinya loba nu ngahaminan, malah aya nu nambahan ku implik-implik, majar kolekna ogé tangtu leuwih amis batan upama digulaan ku gula Cigorowong nu tegar téa. Jeung saterusna. Jeung saterusna, nepi ka lahuta pisan sarta kabéh-kabéh pada seuri leutik, lantaran ngarasa geus pada-pada bohong.

Kitu tah Ujang, Nyai anaking. Nu matak, sukur hidep geus ngalalanyahan manéh diajar nambahan bohong ku wadul, lantaran perlu keur ngadu rahul jeung babaturan hidep jaga. Komo mun hidep kaparengkeun jadi pulitikeus mah, perlu pisan.

Basa Apa balik ti kantor mawa peremén nanya deuih, “Ngagarantung Pa dina tangkal? Saha nu ngalana?”

Apa seuri. Apa ngarti yén hidep duaan geus ngamimitian ngajak bohong ka Apa. Tapi Apa nyaho pisan yén Ujang jeung Nyai pasti teu nganggap ka Apa pulitikeus, atawa diplomat, atawa pejabat anu sok ngabohong demi jabatanana. Henteu, hidep mah teu nyangka kitu. Hidep mah nganggap ka Apa tetep kawas sasari, salaku bapa nu biasa ngabohongan hidep bari ku hidep katampa kalawan ni’mat jeung rido. Bohong Apa ka hidep mah lain saperti raraban dua kali dua sarua jeung lima, tapi du kali dua sarua jeung salangit atawa saemheh. Hidep duaan tangtu moal rieut ku jawaban éta téh, malah sabalikna: hidep seuri jeung n’mat.

 

Tina Anaking Jimat Awaking, karya Wahyu Wibisana

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | 1 Pairan »

Jalan Satapak di Kebon Awi

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 6, 2008

kebon-awi.jpgKu Ahmad Bakri


Bagian I

 

Geus lila ninggalkeun lembur téh. Éta waé ti mimiti asup ka SMP, nuturkeun dulur di kota, nepi ka tamatna ti SMA. Tuluy atuh meunang pagawéan.

Baréto-baréto sok bisa balik tepung libur, geus kieu mah jadi taun kali ngelol ka lembur téh, malah sakapeung mah dua lebaran ngampleng da kudu sembah-kuriling heula ari hayang diidinan cuti téh.

Jadi asa dipanganjangan di lembur sorangan téh. Urut batur ulin baheula, papada budak, najan warawuheun kénéh ogé siga teu caronggaheun ayeuna mah, nénjo kuring ganti bulu meureun.

Padahal asa teu rumasa pindah pileumpangan. Ngan itu, batur nu bangun karagokeun téh, diconggahan gé ku kuring siga nilam. Ngarambeuan meureun di dituna mah, pédah kuring kasebut geus jeneng.

Tapi henteu ari matak luput pibatureun mah. Sok asa keueung téh dina usum ka sawah ka kebon. Manggih deui batur téh pasosoré usum reureuh.

Dina hiji poé wanci lohor, Mang Sani, panyawah bapa kuring, ngajangjian, engké peuting urang murak pais bébéong cenah, beunang neuleuman di Cibuni. Da palika ongkoh manéhna téh. Meupeujeuhan pisan kawas nu kacida hayangeunana dianjangan téh.

“Pomi, Asép.” Cenah, “Ulah teu sumping. Hawatos ka Embina, tos ngundeur.”

Keur budak sok remen dahar pais bébéong téh, da Bapa gé tukang resep ka walungan. Ngadéngé nu nawaran pais téh mani asa karasa deui ngeunahna. Da di kota mah palias teu ngalaman manggih.

Léos atuh tas Isa téh, muru ka Pasir Awi, lembur Mang Sani téa. Teu jauh, ukur dua kilo cék kira-kira mah. Ngiciprit baé sorangan, da ngajak Si Épéng, majar kagiliran ngaronda, ngawakilan bapana. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina cartibag | 6 Pairan »

Guha Kahfi, Kareueus Jordania

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 3, 2008

kahfi.jpgKu H. Usep Romli HM

Panonoban Ashabul Kahfi nu dikisahkeun dina Al Qur’an, S. Kahfi ayat 10-26, mangrupa guha, aya di dua tempat, nya éta di wewengkon désa Rokim, Amman, Jordania, jeung di Kota Tarsus, Turki. Duka mana nu bener, da duanana gé pada ngaku yén éta tempat téh nya éta tempat nyumputna para pamuda Ashabul Kahfi, laju kalawan kakawasaan Alloh swt, kabéhanana disarékeun salila 360 taun.

Tapi guha nu aya di Désa Rokim, Amman, dianggap pangmerenahna. Ieu guha nu kapanggih taun 1967 ku hiji tim arkéologi Universitas Jordania nu diseponsoran ku UNESCO, dianggap deukeut kana ciri-ciri guha Ashabul Kahfi, nya éta teu jauh ti perkotaan. Umur katut rupa fosil jeung batu sarta mineral séjénna nu kapanggih di dinya, teu pati géséh jeung fosil-fosil, babatuan katut mineral nu aya situs-situs kuno sabudeureun Kota Amman, saperti Situs Jerash, Petra, Kerak, jsb, nu baheulana dijadikeun wilayah kakawasaan Byzantium (Romawi Wétan). Kahirupan tujuh pamuda Ashabul Kahfi dikira-kira sajaman jeung Kaisar Dakyanus, raja Byzantium abad ka-1 Maséhi, nu ngagem kapercayaan Paganis (kafir). Raja Dakyanus katut rahayat Byzantium harita nolak kana ajaran tauhid nu disebarkeun ku Nabi Isa alaihissalam.

Ari tujuh pamuda téa, anut kana ajaran tauhid Nabi Isa. Malah nyoba-nyoba nyebarkeun ka indung bapa, dulur, baraya jeung tatanggana. Ngan ditarolak. Malah dilaporkeun ka raja. Antukna éta para pamuda meunang ancaman. Lamun tetep nyekel ajaran tauhid Nabi Isa as, baris dihukum beurat kacida. Tapi lamun balik deui kana ajaran nu berlaku di karajaan Bizantium, nya éta nyembah déwa-déwa jeung berhala, baris dibéré kalungguhan luhur. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 4 Pairan »