Instruktur Senam
Dimuat ku bujanggamanik dina Januari 7, 2008
Ku: Endan Sukanda
Tara-tara ti sasari poé ahad harita mah pamajikan hayang dibaturan senam. Padahal biasana gé paling-paling mun ménta dianteur cukup ku barudak. Mimindengna mah manéhna wé, kawantu kaasup salah saurang instrukturna; jadi leuwih laluasa teu dibaturan jigana téh.
Ti saréngséna solat subuh, pamajikan ngusey dangdan, kaasup kuring didangdanan ku manéhna. Ti mimiti maké trainingpak, topi, kaos kaki, jeung anduk leutik. Kaharti kitu téa mah, da sasatna rék ngawanohkeun nu jadi salaki ka balad-balad senamna.
Cunduk ka lapang Merdéka mani geus ngaliud jelema minuhan lapang, padahal karék jam genep isuk-isuk. Dina podium patugas keur masang sound system, siap-siap rék nyetél kasét musik senam. Ibu-ibu jeung rumaja putri geus saraged, sareungit. Teu kurang-kurang bapa-bapa ogé aya nu miluan senam, tapi tempatna tukangeun ibu-ibu, barisanana ogé teu puguh.
Rada deg-degan ogé basa ditungtun ku pamajikan kana barisan di hareupeun podium téh. Mana komo bari ngadaragoan aba-aba senam téa pamajikan mah teu bosen-bosen ngawanohkeun kuring. Atuh kuring tambah diriung-riung, mani bosen manggut jeung imut téh. Rét ka kéncaeun, sepuh inin-inin pisan siga nu teu bosen-bosen naliti tangtungan kuring, malah dina nu ngariung téh aya banci sagala.
“Teman-teman, yuk kita kenalan kepadanya!” ceuk banci bari gumeulis. Panonna kucap-kiceup kawas nu kapireungpeunan.
Basa aba-aba senam kadéngé ti luhur podium, kuring asa kaweur. Da karék harita atuh miluan senam téh, komo ieu jeung ibu-ibu. Rét ka pamajikan, geus kahalangan ku dua urang. Kawantu tadi basa kuring diriung-riung téa kawasna mah manéhna kasérédkeun. Ah gerakan senam téh rék nurutan nu di luhur podium wé, da kitu pesen pamajikan ogé saméméh indit tadi.
Mimitina musik senam téh musik pemanasan, kabéh ajrag-ajragan bari ngaleuleuskeun ramo-ramo leungeun. Kuring rada ngarérét ka gigireun, kabeneran manéhna ge keur ngarérét ka kuring, kuring milu ajrag-ajragan nurutan nu lian. Kitu jeung kitu wé. Pokona unggal rék ganti gerakan senam téh kuring mah mun teu ngawaskeun nu di luhur podium, ngarérét heula ngintip gerakan ibu-ibu nu pangdeukeutna.
Mun dipikir-pikir, bororaah bisa dipaké conto ku nu lian, da kuring sorangan gé asa ripuh nyaluyukeun gerakan senam jeung batur téh. Mindeng pisan leungeun kuring antel kana leungeun nu gigireun. Atawa mun teu kitu suku pakétrok jeung nu lian alatan pasalia gerakan. Batur ka tukang, kuring ka hareup, atawa nu lian mah ka kénca, kuring ka katuhu. Baé ah, tungtungna mah diheureuykeuh wé gerakan téh sakalian.
Réngsé senam, nu tadi ngarariung téh da birat atuh ngajarauhan. Saméméh aringkah teu paroho ngaromong kieu, “ Ih, panya téh enya wé instruktur, sihoréng téh….” Ceuk hiji ibu-ibu ménor bari ngaléos.
“Ih, sebel, padahal body-nya macho banget!” Ceuk banci nu tadi.
Teu kakantun, nini-nini gé ngémbohan bari jebi ka kuring, ngan teu puguh kadéngéna.
Di jalan waktu mulang didongéngkeun ka pamajikan, barakatak manéhna seuri meni siga nu ngeunah pisan. Leungeun kuring dikenyang, manéhna maca tulisan dina tonggong kaos kuring: “Instruktur Senam”, cenah. Karek inget, pan tadi téh dibéré nginjeum kaos pamajikan, kabeneran ukuranana pas.***
(Tina Manglé No. 1906)






















Pribumi pok
Mangga Fz, bilih bade nyerat komentar, manawi tiasa ayeuna mah.
fz pok
Aduh enak nya aya senam masal mah, bisa olah raga nyehatkeun badan, terus kumpul2 jeung babaturan atawa kenalan jeung nu teu wanoh, jadi bisa ngalobaan baraya. Aya beja cenah mah loba nu dagang di tempat eta teh. Atuh enak bari sarapan ku rupa2 kadaharan ih…..waasssss. Mun diditu aya nu kitu jeung loba nu dagang kadaharan traditional rek ngiluan da………he he he…..