Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun bulan Désémber 2007

Dalem Boncél

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 30, 2007

dalem1.jpg(Bagian ka-6)

Ngendék welasan taun ………

Hiji poé ka lembur Kandangwesi aya hiji padagang bangkelan padagang barang-barang kolontong ngider ka lembur-lembur, ngadon mondok di imah Pa Boncél, lantaran kapeutingan.

Peutingna méméh saré, éta sémah jeung Pa Boncél ngarobrol. Omongna, dina ngiderkeun barang-barang, réa pisan tempat-tempat nu geus kapapay. Caringin ogé kungsi didatangan. Pokna, “Basa kuring dagang ngider ka Caringin, kabeneran di dinya keur aya raraméan ngistrénan dalem anyar. Ramé pisan. Teu kungsi satengah poé, barang-barang kuring geus payu kabéh. Padahal hargana ku kuring ditaékkeun dua kali lipet, malah aya nu tilu kali lipet.”

“Wah, untung pisan!” ceuk Pa Boncél unggut-unggutan.

“Kitu padagang mah mun keur untung téh,” omongna, “Tapi mun keur sial saperti ayeuna, keur dahar ogé méh-méhan heunteu aya.” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Carita Nyambung | Leave a Comment »

Kaca-kaca Layar Sareupna

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 27, 2007

(Asmarandana)

Hayang balik ka biharimawar.jpg

mulang ka alam ka tukang

sangkan haté lipur palér

teu ngoléang sumoréang

miéling nu geus ilang

gandrung ku nu geus kalarung

tibelat mangsa kaliwat

 

Pikir kalaletir teuing

asa kabur pangacian

batin mangpaung kumejot

kasuat lampah baheula

keur mangsa kieu pisan

di pasir sariak layung

pasini nganti jawaban

 

Bubulak tegaleun eurih

ngawawaas panineungan

lalakon lawas katémbong

gambar heubeul narémbongan

asa cikénéh pisan

di dieu patepung lawung

pasini nganti jawaban

 

Sadagori lir ngageuri

Pungpurutan lir midangdam

parong haréndong umambon

meureun asa ka leungitan

geus lila teu di langlang

na kunaon mana pundung

ngantunkeun tanpa raratan

 

Peurih ku asih nu leungit

parna ku tresna nu musna

lamunan samar kadongdon

kabéh geus ngarajauhan

harepan laleungitan

karaton impian lebur

kumambang kari kalangkang

(Tina Salumar Sastra, Karya WahyuWibisana, spk.)

Dimuat dina Guguritan | Leave a Comment »

Dongéngéng Dongéng Ambu

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 27, 2007

Ku Chyé Rétty Isnéndés

hamil.jpgUtun, nyebut Utun baé nya, Ambu téh. Enya utun inji. Bongan Ambu can nyaho naha hidep téh awéwé atawa lalaki. Cenah sesebutan Utun-Inji téh pikeun hidep, pibakaleun lalaki atawa awéwé. Sanajan kitu, Sunan Ambu mah tetep nyebut Utun ka putrana; Guru Minda nu geus jadi bujang, tur nyebut inji ka Pohaci Purbasari putri parawan Pasirbatang. Meusmeus Utun, meusmeus Inji, deudeuh naker sigana téh. Kitu nu kabaca ku Ambu tina carita pantun ‘Loetoeng Kasaroeng’ kénging nyarungsum CM Pleyte. Lamun kitu mah meureun sesebutan keur hidep –Utun Inji—téh geus aya ti béh mula, meureun ti jaman Pajajaran kénéh. Saha nu nyaho.

Aéh, Utun, meureun ayeuna mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Geuning buktina, hidep sok embut-embutan ayeuna mah. Usik ka ditu malik ka dieu. Sérését ka katuhu, sérédét ka kénca. Sakapeung deui nyerendul ka luhur, najan mimindengna mah enyut-enyutan dina parindikan Ambu. Komo lamun pareng Ambu capé pisan. Ih, ieu mah mani ajol-ajolan kawasna téh.

Saur Bu Bidan genep bulan mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Nyeri haténa, peurih rasana, sedihna, tunggarana, rasa senangna, bungahna, jeung bagjana. Ari ceuk Ma Paraji mah, heueuh hidep téh geus usik malik Meureun cangkeul nya, ngeluk baé atawa ngaréngkol baé mah. Da Ambu ogé, kolot, sok nyeri tonggong ngaréngkol waé mah, komo hidep. Aéh, kétang kitu gé Utun, sakapeung Ambu téh sok ngarasa aral ku ayana hidep téh. Komo waktu umur sabulan, dua bulan, tilu bulan, nepi ka opat bulan mah. Aduuh, nyerina Ambu téh. Sagala karasa. Lain nyeri ku awak tapi nyeri ku rasa. Gering Ambu téh, gering psikic—saur guru Ambu mah—Gering nangtung ngalanglayung. Sangu asa catang bobo, cai asa tuak bari. Mandi kedul, sagala rupa embung. Leuleus asa teu nangan. Taya tangan pangawasa. Kahayang téh ngagolér baé bari neuteup lalangit kamar, ngahérang. Murel baé ongkoh, tungtungna luga jeung luga baé, Ambu téh, nepi ka kuru aking ngajangjawing.

Enya sakapeung mah matak aral aya hidep téh. Sakapeung hayang neundeun heula hidep di hiji tempat, nepi ka Ambu ngarasa genah, bagja, hampang. Engké, di mana Ambu geus jagjag deui, rék disampeur deui. Hi, hi, hi, lucu, Tun, nya?! Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Pidangan Carita Pondok | 4 Pairan »

Budak Pahatu Lalis

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 27, 2007

sketsa41.jpgJaman baheula aya dua budak—adi lanceuk—geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun.

Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.

Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mites-miteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.

Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasup-asupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:

 

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:

 

Usap baé Nyai, meureun sierum!

 

Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:

 

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:

 

Usap baé Nyai, meureun sireum!

 

Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:

 

Kang tulungan, Kang tulungan

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:

 

“Usap baé Nyai, meureun sireum!”

Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:

 

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman, kana…

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 2 Pairan »

Dalem Boncél

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

(Bagian ka-5)

dalem.jpgCarita balik deui ka Kandangwesi.

Waktu Si Boncél ngarit nepi ka soré teu datang baé, kabéh pangeusi lembur Kandangwesi jadi ribut, marelangeun sieun Si Boncél geus maot ditekuk maung. Indungna teu eureun-eureun ceurik.

Isukna kabéh lalaki arindit naréangan. Ku sabab sangkaan maranéhna Si Boncél dibawa ka leuweung ku maung. Maranéhna langsung arindit ka leuweung. Kabéh guha ditempoan, kabéh jungkrang dipapayan. Tapi nepi ka soré, Si Boncél tacan kapanggih. Poé isukna nénganana diteruskeun. Tapi teu kapanggih kénéh. Teu kapanggih hirupna, teu kapanggih mayitna. Kalawan pegat harepan, maranéhna terus baralik.

Waktu keur baralik ngungun taya nu cumarita, hiji budak ujug-ujug ngagorowok, “Tingal, ieu arit jeung sundung Si Boncél!”

Nu keur lalumpang kabéh eureun, tuluy nyalampeurkeun budak ngora nu ngagorowok téa. Katingal ku maranéhna arit jeung sundung, handapeun tangkal waru.

“Bener, ieu arit jeung sundung si Boncél!” ceuk dunungan Si Boncél. Tapi ka mana manéhna?”

“Pasti geus dibawa ku maung ka leuweung!” ceuk saurang.

“Tapi di dieu teu aya tapak maung,” ceuk bapana Si Boncél. “Mun enya dibawa lumpat ku maung, tangtu tapak-tapakna bakal kaciri tétéla, sabab waktu éta téh hujan gedé.”

Mun kitu ka mana atuh manéhna téh?” ceuk dununganana sakali deui.

“Kumaha baé ogé, kami yakin yén Si Boncél geus dibawa lumpat ku maung ka leuweung,” ceuk lalaki nu pangkolotna.

“Bener!” ceuk nu séjén-séjén méh bareng.

“Mun kitu, taya gunana deui ditéangan,” ceuk dununganana. Paménta Pa Boncél, supaya poé isukna ditéangan deui, euweuh nu ngadéngé. Kabéh jelema geus yakin yén Si Boncél geus maot.

Karék baé Pa Boncél nepi ka buruan, Ma Boncél geus muru mapagkeun sarta nanya, “Mana anak urang, Pa?”

“Sabar, tacan kapanggih,” jawab Pa Boncél bari sasat meubeutkeun manéh kana babaléan.

“Tuluy kumaha?” Ceuk Ma Boncél bari ceurik.

“Jelema-jelema geus moal naréangan deui, lantaran maranéhna geus ngarasa yakin yén Si Ujang geus maot ditekuk maung.”

“Océn, Océn, anaking!” Ma Boncél nyambat-nyambat anakna.

“Sabar, Ma. Bapa yakin Si Ujang masih kénéh hirup. Tangtu Ma ogé masih inget, Si Ujang geus sababaraha kali ménta idin ka urang, rék ménta eureun ka dununganna nu bengis téa. Si Ujang hayang indit ngumbara, keur ngadu untung. Manéhna hayang jadi jelema, supaya bisa nyenangkeun urang. Bapa yakin, ayeuna manéhna indit ngalaksanakeun cita-citana. Anggur urang du’akeun, supaya cita-citana gancang dikabul.” Sanggeus ngadéngé omongan Pa Boncél, Ma Boncél kari inghakna baé. Manéhna inget deui kana omongan Si Boncél baréto, “Ma, idinan Océn indit ngadu untung. Muga-muga Océn pinanggih jeung kabagjaan. Mun Océn jadi jelema beunghar atawa jelema boga pangkat, tangtu Ema jeung Bapa ogé baris milu senang. Sabalikna, mun Océn tetep baé ngadunungan ka éta nu bengis téa, lain baé teu bisa nyenangkeun kolot, awak sorangan ogé laun-laun mah bisa jadi baris maot langlayeuseun. Ku sabab kitu, idinan Océn indit, Ma!”

Bari nyusutan cipanonna nu teu saat-saat, Ma Boncél ngagerendeng, “Manéh ayeuna geus indit, Ma teu weléh ngadu’akeun, muga-mugga Alloh nangtayungan. (Hanca)***

(Tina Dalem Boncél, Karya Ki Umbara)

Dimuat dina Carita Nyambung | Leave a Comment »

Kapal Udara jeung Galudra

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

kapal.jpgKapal udara ngahéang di luhureun suhunan. Ujang jeung Nyai lalumpatan kaluar bari tatanggahan. Kadéngé hidep duaan susurakan bari ajrag-ajragan bungah.

Ujang asup deui ka imah bari pok nanya ka Apa, “Éléh mana kapal udara sareng manuk galudra?”

Apa—nu harita keur ngitung hutang bulan éta—ngajawab, “Éléh kapal udara atuh.”

Ujang mah teu kudu nyaho, nu matak Apa ngajawab kitu duméh hayang ngajaga sangkan ciptaan Ujang kana manuk galudra angger saperti dina dongéng Apa. Yén galudra téh gagah sakti mandraguna, bisaeun hiber ka langit, bisaeun nyamberan gajah, jeung satuluyna. Tapi ana pok téh Ujang nanya deui bareng jeung Nyai asup nyampeurkeun.

“Upama kapal udarana sapuluh, éléh mana?” kitu pertanyaan Ujang téh.

“Éléh kapal udara sapuluh,” walon Apa bari ngajumlahkeun angka dalapan jeung opat—hutang Emah ka warung geus genep ratus opat puluh.

“Upami saratus?” Nyai étah milu nanya.

“Éléh kapal udara,” walon Apa angger.

“Sarébu?” Ujang nanya ku sora dicentokkeun.

“Éléh kapal udara,” walon Apa.

Sakeudeung Ujang jeung Nyai tingharuleng. Bisa jadi hidep duaan keur nyipta kumaha hébatna manuk galudra. Bisa jadi deuih keur inget kana dongéng Apa peuting mangkukna—dongéng saka nu nyaritakeun nagara buta diubrak-abrik ku hijji galudra. Sirah-sirah buta nu sagedé-gedé Bumi Siliwangi disamberan ku galudra nepi ka paregat tina beuheungna. Atuh buta-buta sanagara bubar katawuran. Kitu apan dongéng Apa téh.

Celengkeung deui Ujang nanya bedas naker, “Upami kapal udara salangit?”

Ku pertanyaan éta Apa ngarti, yén pikeun Ujang jeung Nyai mah taya deui bilangan anu leuwih gedé batan bilangan “salangit”. Jeung Apa ngarti deuih, yén Ujang, jeung Nyai tangtuna ogé, hayang mireng jawaban Apa béda ti nu sababaraha kali diucapkeun tadi. Atawa bisa jadi Ujang jeung nyai panasaran, hayang nyaho nepi ka mana gagahna manuk galudra.garuda1.jpg

Nyai nu ngabandungan pertanyaan Ujang bieu milu melong ka Apa kawas nu milu nguatan sakur nu jadi kapanasaran Ujang.

Apa imut, sarta sajeroning imut kitu Apa geus lat baé poho kana jumlah hutang Emah ka warung bulan éta. Ayeuna mah pikiran Apa téh keur museur kana néangan jawaban anu bisa ngangeunahkeun haté hidep duaan.

Kapanggih jawabanana téh, kapanggih! Pinter Apa téh, nya? Apan cék Apa harita téh kieu, “Kapal udara salangit mah apan kagungan Ujang sareng Nyai, ari galudra mah kagungan Apa. Moal sina gelut, nya? Pamali.”

Sugema Ujang jeung Nyai, katémbong tingharéhéh. Pinter Apa, nya? Atawa pédah hidepna bisa dibobodo, dibangbalérkeun? Tapi barang inget deui kana jumlah hutang di hareupeun, Apa rada ngabéléhém sorangan—sihoréng Apa nu geus kabangbalérkeun ku Ujang jeung Nyai nepi ka ngarasa ni’mat ku poho, nyorang poho nu matak ni’mat.

(Tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana)

Dimuat dina Anaking Jimat Awaking | Leave a Comment »

Ki Dipa Dibégal

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

leuweung.jpgJaman baheula aya saudagar beunghar, boga bujang ngaranna Ki Dipa. Ki Dipa téh jelema teuneung taya kasieun. Hiji mangsa isuk-isuk Ki Sudagar nyarita ka Ki Dipa, pokna, “Manéh ogé nyaho imah Ki Armasik di dayeuh, nu biasa ngayuh barang ka urang téa, lin?”

“Terang,” jawab Ki Dipa.

“Poé ieu manéhna geus jangji, rék naur hutangna saratus ringgit. Tapi ku sabab déwék gering kénéh, wayahna manéh baé ka ditu, mawa surat ti déwék.”

“Mangga, ari Juragan percanten mah ka kuring.”

“Balik ti ditu engké ulah burit teuing, bisi poékeun di jalan. Ati-ati mawa duit, bisi kumaonam. Tah, ieu suratna.

“Nyuhunkeun pidu’ana baé. Mugi-mugi ulah aya halangan-harungan di jalan,” témbal Ki Dipa bari nampanan surat.

“Heueuh, jung sing salamet!” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | Leave a Comment »

Enclave

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

Ku Komarudin Sastradipoera

rumah1.jpgImah kolot kuring di pilemburan teu kaasup butut, sabab dijieunna tina batu, duduk jandéla. Di hareup rajeg tangkal jeruk. Deukeut sumur, pagupon pinuh ku japati. Kur-wok-wok, kur-wok-wok. Kitu dédéngéan kuring keur budak. Di tukang, kandang hayam, ngupuk. Nu jajangkar di dinya, nu kumupu di dinya kénéh, sumawonna nu nyileungleum. Campuh. Malah kandangna gé tara-tara acan ditutupkeun pantona. Sina ngemplong wé. Padahal hayam jaman harita mah hargana mahal, sabab kaasup langka ogé. Teu saminggu sakali kararaban dada mentona. Umumna mah, goréng hayam téh kaluarna ari lebaran, kariaan atawa usum tétélo.

Rata-rata imah di lembur kuring mah tara ieuh dipager. Imah tatangga beulah girang, kitu. Imah tatangga beulah hilir, kitu. Padahal duanaan gé kaasup beunghar pikeun ukuran jaman harita mah. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | Leave a Comment »

Jang Ukon

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 24, 2007

Ku Komarudin Sastradipoera

nakhoda_2.jpgJang Ukon téh hiji jalma anu asup kana ulekan prosés sajarah. Tapi lantaran ngan ukur jadi obyék, Jang Ukon ngan bisa hirup wungkul. Hartina, ceuk Profésor Paulo téa mah, manéhna téh teu boga éksisténsi dina sajarah. Sakumaha tiap jalma nu ngilu nuturkeun sajarah, manéhna “jadi jalma sabar tawekal tapi pinuh waspada sarta lébér wawanén. Kasabaranana témbong dina paromanna nu hideung kapoé, beresih lantaran mindeng diusap ku cai wudu. Kawaspadaanana nonggérak dina panonna, atra dina kumisna nu jiga tanduk munding dongkol, gaya kaayeunakeun di pakotaan.
Saha atuh jang Ukon téh? Sabenerna mah wawuh jeung manéhna téh ngan satengah jam (gé kurang). Tapi dina tilu puluh menit nu kacida heureutna téh, Jang Ukon nu suranyéh téh sanggup ngagambarkeun dirina, ébréh témbong kabéh. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | Leave a Comment »

Dalem Boncél

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 17, 2007

(Bagian ka-4)

dalem1.jpgTeu mangkuk saminggu ti harita Si Boncél geus aya di Cianjur, cicing di bumi Juragan Kapala. Demi gawéna saperti keur aya di Kandangwesi, ngarit jeung ngagebeg kuda. Ayeuna mah awakna jadi lingsig, teu kurang dahar jeung tara aya nu nyiksa saperti keur di lemburna baréto.

Selang-selang tina ngarit jeung ngagebeg kuda, sok digawé di dapur sagawé-gawé tara kungsi diutah-étah deui. Singer pisan tiasa titip diri sangsang badan, tur dipikaasih naker ku dununganana, sumawonna ku Juragan Istri mah.

Sakapeung sok mapag putra dununganan nu keur sakola di Sakola Kabupatén, mangmawakeun sabak jeung buku.

Ari peuting mun putra dunungan keur ngapalkeun, Si Boncél sok ngaregepkeun, sarta sok nengetkeun pisan kana aksara-akasara. Malah mun putra dununganana enggeus mah ngapalkeunanan, Si Boncél sok dipapatahan hanacaraka jeung sok sina ditulis deuih.

Lila-lila Si Boncél bisa maca jeung nulis aksara Sunda, diajarna getol pisan. Saban poé mun salsé tina pagawéan anu baku, sok ngadapang dina kokopan kosong diajar nulis.

Hiji waktu Juragan Kapala sumping ka istal mariksa kuda, dina sorog Si Radéa aya mérek aksara Sunda unina: gedogan Si Radéa. Jol deui sumping ka istal Si Pélor, aya deui mérek: gedogan Si Pélor.

Dina manah Juragan Kapala, tangtu putrana nu ngadamel mérek téh, kaciri aksarana aksara budak. Tuluy putrana disaur.

“Ujang, beunang Ujang ieu mérek téh? Alus geuning.”

“Sanés, Ama. Kénging pun Boncél manawi.”

“Na, bisaeun nulis kitu Si Boncél téh?”

“Tiaseun, da sok milu diajar ari wengi sareng abdi.”

Ti dinya Si Boncél disaur ku dununganana, dipariksa saha nu nyieun mérek dina gedogan. Ku Si Boncél diunjukkeun yén éta mérek téh meunangna. Si Boncél harita dipiwarang nulis dina bangkarak: Jamparing, Sindangbarang, Pagermaneuh…dipecakan ku dununganana.

Kabéh bener sarta alus deuih aksarana téh.

“Isukan manéh montong ngarit, Boncél, milu baé ka kantor, bawa map. Keun nu ngarit mah Aliani,” Saur Juragan Kapala.

Isukna Si Boncél ngiring ka kantor, jadi gandék purah mawa map. Atuh yeuna mah lain tulas-tulis dina sorog, tapi dina daluang. Jeung sakur bangkarak dibaca dirarampa, malah sok disalin sakapeung mah. Lila-lila mah macana lancar, nulisna ogé geus aksara jadi.

Dina keur répot, Juragan Kapala sok miwarang ngaguratan serat ka Si Boncél. Mimitina mah ngaguratanana téh sok emplog-emplogan, tapi lila-lila mah sanggeus sering diwurukan kumaha metakeun kalam, jadi alus. Malah terusna mah lain ngaguratan wungkul, jeung nyalin surat deuih.

Waktu Juragan Kapala diangkat kana Patih di dinya, Si Boncél dipundut ku anjeunna, supaya jadi juru tulis.

Dina jadina priyayi kaciri katemenanana, atuh nu jadi dununganana tamplok kapercayaanana, malah waktu Juragan Asésor diangkat kana Cutak ogé, nya Jurutulis Boncél anu kaselir jadi gantina, jeneng Asésor, kaasup priyayi luhur.

Lila ti lila tina kauninga kapercékaanana jeung kapinteranana, Asésor Boncél diangkat jeneng Jaksa di Bogor.

Tina keur jadi Juru tulis kénéh, Jaksa Boncél geus kautara nenggang ti sasama, atuh teu matak héran mun nu jadi dununganana arasih nyaraah téh, kauninga ku nu ti payun kalempenganana. Dina prakna cacampuran teu néngtérégé, teu jiga paruruhan dika-tengah-imahkeun. Ieu mah éstu sieup kawas ménak asli baé. Malah réa sobatna gegedén luhur bangsa Walanda, tina bisa ka bala ka balé.

Teu mangkuk dua taun jadina Jaksa, Jaksa Boncél nampi nugraha Pangagung, diangkat kana…Bupati Caringin.*** (Hanca).

 

 

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara).

 

 

Dimuat dina Carita Nyambung | 2 Pairan »