Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Si Kabayan Ngala Nangka

Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 30, 2007

gambar-2.jpgSi Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)

7 Balesan pikeun “Si Kabayan Ngala Nangka”

  1. desta pok

    gusti…
    ieu dongeng bodor pisan…
    hahahahahaha….
    jadi inget ka pun rama basa sim kuring budak baheula..

  2. pribumi pok

    Itulah Si Kabayan :)

  3. kadek pok

    haha.

    _________________________________________________________________________________________________

    @Kadek, haha deui lah…

  4. Agung pok

    Ceuk Si Kabayan : Ngaran anggota tubuh manusa asal na tina ngaran jelema :
    Si Rah
    Ceu Pil
    Jang Got
    Mas Taka
    Pa Ha
    Bu Lu
    jsb

    ________________________________________________________________________________________________

    @Agung, Kreatif pisan tah Si Kbayan teh nya. Nuhun kana informasina.

  5. Anzu_Ohz Killerz pok

    siah kabeh nu bodor teuing nya??
    si kabayan tina lahir geus kitu gening..
    jadi teu nyaho etika
    eakakakak

    jadi manusa tong bolot-bolot teuing nya!!
    bisi di tabok ku mitohana siah kabeh…:D

  6. indonesia pok

    na si kabayan bodoteh mni katotoloyoh nya ?
    hahahaha

  7. klo gk bdoh ,
    bkan kbyan nmax?

    ia kan

    hahahaha….

Tinggalkeun Balesan

XHTML: Anjeun bisa ngagunakeun ieu tag: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <pre> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>