Ku Wahyu Wibisana
Ujang jeung Nyai keur anjang-anjangan di émpér, Apa mah harita téh keur maca tajuk rencana nu nyaritakeun yén di nagara urang ayeuna teu perlu aya oposisi permanén.
Kadéngé Ujang pupuntenan, ditémbalan ku Nyai lentong naker, majarkeun téh, “Mangga calik di lebet. Mangga geura leueut. Teu aya nanaon di dieu mah.”
Sanajan harita Apa teu awas kana paripolah hidep duaan, tapi bisa nyipta yén Ujang meureun keur sila andekak hareupeun Nyai, jeung Nyai giak pisan ngasongkeun pipiringan leutik nu dieusian ku naon boa.
Si Untung, ucing hideung urang, kadéngé éong-éongan asup ka imah. Kadéngé Nyai gancang nitah nyumput ka Ki Sémah—majar téh aya maung hideung. Ujang nurut ka pribumi bari pok deui pok deui nyebut sieun maung.
“Keun urang gebah,” cék Nyai ngareugreugan, tuluy ngahushus ucing.
Tapi Si Untung éong-éongan baé. Dihus-hus beuki tarik, kalah ka beuki tarik deuih éong-éonganana—jigana mah marukan rék diparaban..
“Bangor Ucing téh ih,” cék Ujang bari kadéngé sada dibarung ku seuri leutik. Apa ngarti yén Ujang keur nyeungseurikeun Nyai nu enya-enya pisan hayang ngajaga sangkan suasana anjang-anjangan tetep nuluy, ulah kaganggu. Kari-kari ku Ujang ucing bet kalah disebut ucing, lain disebut maung.
“Maung kituh!” cék Nyai mani morongos.
“Ucing ah!” témbal Ujang tandes.
Ti dinya Ujang jeung Nyai pacéntal-céntal, “Maung! Ucing! Maung! Ucing!” Beuki lila beuki tarik jeung palambat-lambat
Nging Nyai ceurik, gancang asup ka imah nyoroyo ka Apa bari pupulih majar Ujang bangor.
Hayang nuluykeun jalan pikiran Nyai harita Apa téh, ku lantaran kitu jungkunung Apa nangtung, panon dibuncelikkeun, tuluy leumpang jajarigjeugan bari pok ngomong digoronggongkeun,” Ieu buta, ha-ha-ha-ha …, ieu buta, ha-ha-ha-ha …”
Nyai gancang lumpat deui ka émpér bari gogorowokan ngabéjaan ka Ujang aya buta. Basa Ujang rét ka Apa, Ujang gé gancang lumpat ka luar bari gogorowokan, “Aya buta! Aya buta!”
Ujang ngacir ka jalan, diseungseurikeun ku Nyai nu tuluy ngaléndéan Apa bari pok nyarita, “Apa da ieu mah nya, sanés buta.”Nyai gancang dirangkul ku Apa, dipangku, ngok dicium bari ngomong, “Maung gé sieuneun ku buta mah, nya?”
“Ku Apa sieuneun?” Nyai nanya panasaran.
(Tina “Anaking Jimat Awaking”, Karya Wahyu Wibisana)